بشم الله الرحمن الرحيم
kaula teh gaduh pangeran nyaeta alloh,anu ngadameul kaula jeung sakabeh makhluk,jeung deyi kaula teh gaduh nabi,nyaeta kangjeung nabi muhammad sollallohu alaihi wasallam.
ramana raden abdulloh,ibuna siti aminah,di pedal di mekah,di utus di mekah,teras ngalih ka madinah,pupus di madinah,di pendemna di madinah,di bumi siti aisyah
اشهدان لااله الاالله
Hartina : nekadkeun kaula ku ati yen saenya-enyana kalakuan heuteu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan kusabenerna dina ayana anging gusti alloh ta’ala nyalira.
واشهدان محمدارسول الله
Hartina : jeung deui nekadkeun kaula ku ati yen saeunya-eunyana kangjeng nabi muhammad eta piwarangan gusti alloh ta’ala.
Dipwarang ngadatangkeun hukum syara ka umat-umatna, ari hukum syara eta aya 5 perkara :
1.wajib 2. sunat 3. haram 4.makruh 5. wenang
-Ari ngaran wajib ceuk syara nyaeta :
ما يثاب على فعله,ويعاقب على تركه
Hartina : dimana-mana perkara di lakonan diganjar,ditinggal di siksa.seperti sholat lima waktu,puasa,jakat,munggah haji,jeung sajaba ti eta.
-ari ngaran sunat ceuk syara nyaeta :
ما يثاب على فعله,ولايعاقب على تركه
Hartina : dimana-mana perkara di lakonan di ganjar,di tinggal heunteu di siksa.seperti sholat sunat,puasa sunat,jeung sajaba ti eta
- ari ngaran haram ceuk syara nyaeta :
ما يثاب على تركه,ويعاقب على فعله
Hartina : dimana-mana perkara di tinggal diganjar,di lakonan di siksa.seperti jinah,maling,tinggal sakabeh anu wajib jeung sajaba ti eta
- ari ngaran makruh ceuk syara nyaeta :
ما يثاب على تركه,ولايعاقب على فعله
Hartina : dimana-mana perkara di tinggal di ganjar,dilakonan heunteu di siksa.seperti ninggal parji pamajikan,jeung sajaba ti eta
- ari ngaran wenang ceuk syara nyaeta :
مالا يثاب على فعله,ولايعاقب على تركه
Hartina : dimana-mana perkara dilakonan heunetu di ganjar,di tinggal heunteu di siksa.seperti dahar,nginum,jeung sajaba ti eta.ari ngaran wenang mah lamun niatna hade menang ganjaran,lamun niatna goreng heunteu menang ganjaran.