بسم الله الرحمن الرحيم

Ari hukum eta aya tilu : hiji huku adat, dua hukum syara, tilu hukum akal

-Ari ngaran hukum adat eta neuteupkeun hiji perkara kana hiji perkara atawa euweuhna kalawan lantaran di bulak balik. Ari hukum adat dibagi opat bagian :

1 nyambung aya ku aya seupeurti ayana seubeuh ku sabab ayana dahar,

2 nyambung euweuh ku euweuh seupeurti euweuhna seubeuh ku sabab euweuhna dahar,

3 nyambung aya ku euweuh seupeurti ayana tiris ku sabab euweuhna simbut,

4 nyambung euweuh ku aya seupeurti euweuhna panas ku sabab ayana cai,

-Ari ngaran hukum syara nyaeta dauhan alloh ta’ala anu cumantel kana pagawean hiji-hiji jalma naha tina hitob taklip atawa tina hiton wad’i.

Ari ngaran hitob taklip nyaeta dauhan alloh ta’ala anu cumantel kana pagawean hiji-hiji jalma nyaeta tina pameureudih seupeurti wajib, sunat, haram, makruh, weunang

Ari ngaran hitob wad’i nyaeta dauhan alloh ta’ala anu cumantel kana pagawean hiji-hiji jalma nyaeta tina wado’an nana seupeurti sababna, syaratna, maneungna, sohehna, pasidna.

-Ari ngaran hukum akal nyaeta neuteupkeun hiji perkara kana hiji peurkara atawa euweuhna heunteu kalawan lantaran di bulak  balik.

Ari ngaran wajib ceuk akal nyaeta dimana-mana peurkara anu heunteu kaharti ku akal euweuhna seupeurti wajib ayana alloh.

Ari ngaran mustahil ceuk akal nyaeta dimana-mana perkara anu heunteu ka harti ku akal ayana seupeurti mustahil euweuhna alloh.

Ari ngaran weunang ceuk akal nyaeta dimana-mana peurkara anu kaharti ku akal ayana atawa euweuhna seupeurti ayana makhluk atawa euweuhna makhluk.

Wajib ka sakabeh jalma anu mukalaf awewe lalaki kudu nganyahokeun kana aqho’id iman anu lima puluh, ari jalana anu matak aya lima puluh, karna eta anu wajib di alloh ta’ala dua puluh, anu mohal di alloh ta’ala dua puluh, anu weunang di alloh ta’ala hiji. Anu wajib di rosul opat, anu muhal di rosul  opat , anu weunang di rosul hiji jumlah lima puluh

PASAL KA HIJI NEURANGKEUN SIPAT ANU WAJIB DI ALLOH TA’ALA DUA PULUH JEUNG MUHALNA

1 وجود , teugeusna wajib aya alloh ta’ala muhal عدم ,  teugeusna muhal euweuh, ari dalilna yen wajib alloh ta’ala aya nyaeta, الله الذى خلق السموات والارض وما بينهما hartina  ari dzat alloh ta’ala teh anu ngadameul langit jeung bumi jeung sakabeh eusi-eusina.

2 قدم , teugeusna wajib tiheula alloh ta’ala muhal حدث , teugeusna muhal anyar, ari dalilna yen wajib alloh ta’ala tiheula nyaeta, هوالاوّل والاخر hartina ari dzat alloh ta’ala teh nyaeta anu tiheula heunteu aya mimitina anu akhir heunteu aya tungtungna.

3 بقاء , teugeusna wajib langgeung dina dzatna alloh ta’ala muhal فناء , teugeusna muhal ruksak, ari dalilna yen wajib alloh ta’ala tuteup langgeung nyaeta ويبقى وجه ربك دوالجلال والاكرم hartina teuteup langgeung dina dzatna alloh ta’ala anu kagungan sipat ka agungan jeung sipat ka mulyaan.

4 مخالفةللحودث , teugeusna wajib beda dina dzatna alloh ta’ala jeung sakabeh anu  anyar muhal مماثلته للحوادث , teugeusna muhal sarua jeung sakabeh anu anyar, ari dalilna yen wajib alloh ta’ala beda jeung sakabeh anu anyar nyaeta ليس كمثله شئ hartina heunteu aya anu  nyaruaan dina dzatna alloh ta’ala sahiji oge.

5 قيامه بنفسه , teugeusna wajib jumeuneung alloh ta’ala ku anjeun muhal قيامه بغيره , teugeusna muhal aya anu ngajumeuneungkeun, ari dalilna yen wajib alloh ta’ala jumeuneung ku anjeun nyaeta ان الله غني عنى العالمين hartina ari dzatna alloh ta’ala teh nu sugih ku sakabeh mahluk teugeusna teu butuh ku sakabeh mahluk, balikta mahluk butuh ku alloh.

6 واحدانية , teugeusna wajib hiji dina dzatna alloh ta’ala hiji sipatna hiji ap’alna, تعددالدت والصفات والافعال , teugeusna muhal dua dina dzatna alloh,muhal dua dina sakabeh sipatna alloh ta’ala, muhal dua dina sakabeh padameulan nana alloh ta’ala. Ari dalilna yen wajib alloh ta’ala hiji dina dzatna nyaeta قل هوالله أحد  hartina dauhkeun ku anjeun nabi muhammad ka umat-umat anjen ari dzatna alloh ta’ala teh ngan sahiji.

7 قدرة , teugeusna wajib kawasa alloh ta’ala muhal عجز , teugeusna muhal apeus. Ari dalilna yen wajib alloh ta’ala kawasa nyaeta ان الله على كل شئ قدير hartina ari dzatna alloh ta’ala teh anu kawasa kana naon-naon oge.

8 اراده , teugeusna wajib keureusa alloh ta’ala muhal كراهة , teugeusna muhal kapaksa. Ari dalilna yen wajib alloh ta’la keureusa nyaeta فقال لما بري , hartina ari dzatna alloh ta’ala anu keureusa sakeursa-keursa anjeuna.

9 غلم , teugeusna wajib uninga alloh ta’ala muhal  جهل , teugeusna muhal bodo. Ari dalilna yen wajib alloh ta’ala uninga nyaeta وهوبكلّ شيئ عليم , hartina ari dzatna alloh ta’ala teh eta anu uninga kana sagala rupa-rupa.

10 حياة , teugeusna wajib hirup alloh ta’ala muhal موت , teugeusna muhal maot. Ari dalilna yen wajib alloh ta’ala hirup nyaeta وتوكّل عل الحي الذى لايموت , hartina maneh kudu kumandeul kanu hirup kanu tara pupus nyaeta dzatna alloh ta’ala.

11 سمع , teugeusna wajib ngarungu alloh ta’ala muhal صمم , teugeusna muhal torek. Ari dalilna yen wajib alloh ta’ala muhal ngarungu nyaeta والله سميع عليم , hartina ari dzatna alloh ta’ala teh anu ngarungu tur uninga.

12 بصر , teugeusna wajib ningali alloh ta’ala muhal اعمى , teugeusna muhal lolong. Ari dalilna yen wajib alloh ta’ala ningali nyaeta والله بصير بما تعملون , hartina ari dzatna alloh ta’ala teh anu ningali kana sagala laku lampah jalma.

13 كلم , teugeusna wajib ngandika alloh ta’ala muhal ابصر , teugeusna muhal pire. Ari dalilna yen wajib alloh ta’ala ngandika nyaeta وكلم الله موس تكليما , hartina geus ngandika alloh ta’ala ka kangjeung nabi musa kalawan ngandika ka teumeunan.

14 قدير , teugeusna anu kawasa alloh ta’ala muhal عاجزا , teugeusna muhal anu apeus.

15 مريدا , teugeusna anu keureusa alloh ta’ala muhal كرها , teugeusna muhal anu kapaksa.

16 عليما , teugeusna anu uninga alloh ta’ala muhal جاهلا , teugeus muhal anu bodo.

17 حيا , teugeusna anu hurip alloh ta’ala muhal ميّتا , teugeusna muhal anu pupus.

18 سميعا , teugeusna anu ngarungu alloh ta’ala muhal أصم , teugeusna muhal torek.

19 بصير , teugeusna anu ningali alloh ta’ala muhal أعمى , teugeusna muhal lolong.

20 متكلما , teugeusna anu ngandika alloh ta’ala muhal أبكم teugeusna muhal anu pireu.

 

PASAL KA DUA NEURANGKEUN ANU WEUNANG DI ALLOH TA’ALA HIJI

Nyaeta فعل كلّ ممكن اوتركه hartina weunang di alloh ta’ala ngadameul mahluk atawa tinggal ngadameul mahluk, ngadameul mahluk kumaha keursana, ngadameul mahluk heunteu matak jadi nambahan kana darajatna alloh ta’ala, heunteu ngadameul mahluk heunteu matak jadi ngurangan kana darajatna alloh ta’ala anu matak weunang jeung muhal wajib di alloh ta’ala ngadameul mahluk atawa tinggal ngadameul mahluk.

PASAL KA TILU NEURANGKEUN ANU WAJIB DI ROSUL OPAT ANU MUHAL DI ROSUL OPAT

1 صدق , teugeusna baleuneur rosul kabeh muhal كدب , teugeusna muhal bohong.

2 امانه , teugeusna ka peurcayaan rosul kabeh muhal خيانة , teugeusna muhal cidra.

3 تبلغ , teugeusna pada ngadatangkeun parentahan rosul kabeh anu kudu di datangkeun muhal كتم , teugeusna muhal nyumputkeun.

4 فطانه , teugeusna palalinteur rosul kabeh muhal بلدة , teugeusna muhal beuleut.

Ari anu weunang di rosul nyaeta الاعراض البشريّة الّتي لاتنا قص رتبت الرّسالة , hartina weunang di rosul ka teurapan pamake sipat ka manusaan kaya teu damang anu enteng kaya panas tiris tuang leueut jima’ anu halal, muhal sakur panyakit anu matak ngaruksak kana darajatna rosul kabeh anu luhur kaya nyeulang atawa gesrek nyaeta muhal di rosul.

PASAL KA OPAT NEURANGKEUN SIPAT DUA PULUH DI BAGI OPAT

1 نفسيّه , hartina bangsa awak, teugeusna salira anu di seubut tempat ku anjeun jumeuneung ku anjeun.

2 سلبيّه , hartina bangsa euweuh, teugeusna euweuh soteh euweuh mimitina euweuh ruksakna euweuh sasamana euweuh tempatna euweuh anu ngajumeuneungkeun nana, jeung euweuh dua salirana jeung euweuh dua dina sagala sipatna jeung euweuh dua dina sagala padameulan nana.

3 معانى , hartina pirang-pirang anu mangarti, teugeusna kawasa keureusa uninga hirup ngarungu ningali ngandika.

4 معنويّه , hartina pirang-pirang anu mangarti, nyaeta anu kawasa anu keureusa anu uninga anu hirup anu ngarungu anu ningali anu ngandika

PASAL KA LIMA NEURANGKEUN BABAGIYAN NANA ANU OPAT

1 نفسيّه , babagiyan nana hiji wujud.

2 سلبيّه , babagiyan nana lima

1 قدم , 2 بقاء , 3 مخالفة للحواديث , 4 قيامه بنفسه , 5 وحدانيّة .

3 معانى , babagiyana tujuh

1قدرة  , 2ارادة  ,3 علم , 4حياة  , 5 سمع , 6 بصر , 7 كلم .

4 معنويّه , babagiyana tujuh

1 قديرا , 2 مريدا , 3 عليما , 4 حيّا , 5 سميعا , 6 بصيرا , 7 متكلّميا .

PASAL KA GEUNEUP NEURANGKEUN SIFAT DUA PULUH DIBAGI DUA

1 استغناء , hartina استغناء sugih alloh ta’ala ku mahluk, ari ngaran sugih di alloh mah heunteu butuh ku naon-naon.

2 افتقار , hartina افتقار butuhna mahluk ku alloh.

PASAL KA TUJUH NEURANGKEUN BABAGIYAN NANA ANU DUA

1 استغناء , babagiana sabeulas

1 وجود , 2 قدم , 3 بقاء , 4 مخالفة للحوادث , 5 قيامهبنفسه , 6 شمع , 7 بصر , 8 كلام , 9 سميعا , 10 بصيرا , 11 متكلّما

2 افتقار , babagiana salapan

1 وحدانية , 2 قدرة , 3 اراده , 4 علم , 5 حياة , 6 قديرا , 7 مريدا , 8 عليما , 9 حيّا

ARI ANU MANJING KANA LAFAD لآ LIMA

1 وجود , 2 قدم , 3 بقاء , 4 مخالفة للحوادث , 5 قيامهبنفسه

ARI ANU MANJING KANA LAFAD اله GEUNEUP

1 شمع , 2 بصر , 3 كلام , 4 سميعا , 5 بصيرا , 6 متكلّما

ARI ANU MANJING KANA LAFAD الاالله SALAPAN

1 وحدانية , 2 قدرة , 3 اراده , 4 علم , 5 حياة , 6 قديرا , 7 مريدا , 8 عليما , 9 حيّا

Jeung deyi wajib ka sakabeh jalma anu mukalaf awewe lalaki kudu nganyahokeun ka sakabeh para rosul, satengah anu wajib dikanyahokeun kumpulna bae, satengah anu wajib dikanyahokeun hiji-hijina.

Ari kumpulna para rosul eta aya tilu ratus tilu belas (313), ari anu wajib dikanyahokeun hiji-hijina eta jumlahna salawe,

1 NABI ADAM, 2 NABI IDRIS, 3 NABI NUH, 4 NABI HUD, 5 NABI SOLEH, 6 NABI IBROHIM, 7 NABI LUT, 8 NABI ISMA’IL, 9 NABI ISHAQ, 10 NABI YA’QUB, 11 NABI YUSUF, 12 NABI AYYUB, 13 NABI SU’AIB, 14 NABI HARUN, 15 NABI MUSA, 16 NABI YASA’, 17 NABI DZULKIFLI, 18 NABI DAUD, 19 NABI SULAIMAN, 20 NABI ILYAS, 21 NABI YUNUS, 22 NABI ZAKARIYA, 23 NABI YAHYA, 24 NABI ISA, 25 KANGJEUNG NABI MUHAMMAD ﷺ

Ari sajumlahna nabi jeung para rosul eta aya sakeuti dua laksa opat rebu, ari nabi anu kagungan syareat eta aya geuneup :

1 NABI ADAM, 2 NABI NUH, 3 NABI IBROHIM, 4 NABI MUSA, 5 NABI ISA, 6 KANGJEUNG NABI MUHAMMAD ﷺ

Tatapina sadayana syareat eta di saliyan ku syareat kangjeung nabi muhammad ﷺ, jeung deyi wajib ka sakabeh jalma anu mukalaf awewe lalaki kudu nganyahokeun kana turunan nana kangjeung nabi muhammad ﷺ ti arah-arah ramana jeung ti arah-arah ibuna

ARI TURUNAN NANA KANGJEUNG NABI MUHAMMAD ﷺ  TI RAMANA NYAETA

         ·            Kangjeung nabi putra abdulloh

         ·            abdulloh putra abdul mutolib

         ·            abdul mutolib putra hasyim

         ·            Hasyim putra abdi manaf

         ·            abdi manaf putra qusoy           

         ·            qusoy putra qilab

         ·            Qillab putra murroh

         ·            murroh putra ka’ab

         ·            ka’ab putra lu’ai

         ·            Lu’ai puta golib

         ·            golib putra pihir

         ·            pihir putra malik

         ·            malik putra nador

         ·            nador putra qinanah

         ·            qinanah putra huzaimah

         ·            huzaimah putra mudrikah

         ·            mudrikah putra ilyas

         ·            ilyas putra mudor

         ·            mudor putra nijar

         ·            nijar putra ma’ad

         ·            ma’ad putra adnan

heunteu aya deyi putra saanggeus adnan neupi ka nabi adam, dadauhan anu soheh dina kitab anu di tukil.

ARI TURUNAN NANA KANGJEUNG NABI MUHAMMAD ﷺ  TI IBUNA NYAETA

         ·            Kangjeung nabi putra aminah

         ·            Aminah putra wahab

         ·            Wahab putra abdi manaf

         ·            Abdi manaf putra zuhroh

         ·            Zuhroh putra qilab

Atos kumpul sareung eyangna kangjeung nabi muhammad ﷺ nyaeta qilab.

Jeung deyi gusti alloh ta’ala bakal maparin syafaat jaga dina kisah-kisah na sakabeh hukum, jeung deyi perkara syafaat teh eta geus ditangtukeun ka kangjeung nabi muhammad ﷺ , jeung sayogyana ka sakabeh jalma anu mukalaf awewe lalaki kudu nganyahokeun kana putrana kangjeung nabi muhammad ﷺ eta aya tujuh ujar qaol anu soheh

         ·            Sayyiduna qosim

         ·            Sayyidatuna zainab

         ·            Sayyidatuna ruqoyah

         ·            Sayyidatuna fatimah

         ·            Sayyidatuna umi kulsum

         ·            Sayyiduna abdulloh

         ·            Sayyiduna ibrohim

Eta sadayana putra kangjeung nabi ti siti khodizah, angin lain ti siti khodizah sayyiduna ibrohim eta mah ti siti mariyam bangsa  qobti nagarana.

Jeung deyi wajib ka sakabeh jalma anu mukalaf awewe lalaki kudu nganyahokeun kana garwana kangjeung nabi muhammad ﷺ.

 

Waktos di kantunkeun wafat eta aya salapan

         ·            Siti a’isyah

         ·            Siti hafsoh

         ·            Siti saodah

         ·            Siti sopiyyah

         ·            Siti maymunah

         ·            Siti romlah

         ·            Siti hindun

         ·            Siti jainab

         ·            Juwariyyah

 

Jeung deyi wajib ka sakabeh jalma anu mukalaf awewe lalaki kudu nganyahokeun kana malaikat hiji-hijina, arianu wajib di kanyahokeun hiji-hijina eta aya sapuluh :

         ·            Malaikat zibril =>       padamelan nana tukang nyandak wahyu ka para nabi.

         ·            Malaikat a’zroil  =>       padamelan nana tukang nyabut arwah ka sakabeh mahluk.

         ·            Malaikat mikail  =>       padamelan nana tukang ngurus rizky ka sakabeh mahluk.

         ·            Malaikat isrofil   =>       padamelan nana tukang niyuf songsong jaga dina poe akhir.

         ·            Malaikat mungkar        =>       padamelan nana tukang mariksa mahluk di jero kubur.

         ·            Malaikat nakir =>       padamelan nana tukang mariksa mahluk di jero kubur.

         ·            Malikat roqib =>       padamelan nana tukang nuliskeun amal goreng .

         ·            Malaikat a’tid =>       padamelan nana tukang nuliskeun amal hade.

         ·            Malaikat malik   =>       padamelan nana jadi juru kunci di naraka.

         ·            Malaikat ridwan            =>       padamelan nana jadi juru kunci di swarga.

 

Jeung deyi kudu di kanyahokeun alloh ta’ala nurunkeun kitab ka para nabi-nabi eta aya saratus punjul opat kitab, ari anu wajib di kanyahokeun mah ngan opat kitab.

         ·            KITAB TAURET, TURUNA KA KANGJEUNG NABI MUSA.

         ·            KITAB JABUR, TURUNA KA KANGJEUNG NABI DAUD.

         ·            KITAB INGZIL, TURUNA KA KANGJEUNG NABI ISA.

         ·            KITAB QUR’AN, TURUNA KA KANGJEUNG NABI MUHAMMAD ﷺ.

 

--- والله أعلم بالصواب ---