Harti Kawih
Kawih nyaéta lagu nu rumpakana teu ka uger ku guru lagu jeung guru wilangan, sarta biasana mibanda wirahma nu tetep/angger.
Jalma nu sok ngahaleuangkeun kawih disebut Juru Kawih/Sinden, sedengkeun jalma nu sok ngahaleuangkeun tembang disebut Juru Mamaos.
Kawih dibagi jadi tilu kurun waktu, nyaéta:
Kawih buhun atawa tradisional.
Kawih jaman Jepang.
Kawih wanda anyar atawa kawih alam kiwari.
Kawih Buhun Atawa Tradisional
Buhun hartina kuno, jaman baheula atawa kecap séjén tina bihari. Période kawih buhun aya dina kurun waktu saacan jaman Jepang nepika Jaman Jepang.
Lagu anu kaasup kawih buhun di antarana lagu Banjar Sinom, jsb.
Kawih Jaman Jepang
Dimimitian kira-kira Jepang datang ka Indonesia dina taun 50-an. Sababaraha kawih anu aya dina Jaman Jepang di antarana lagu És Lilin, Balon Ngapung, Géhgér Soré, Bandowati, jeung sajabana.
Wanda Kawih
Anyar atawa Kawih Alam Kiwari Nyaeta kawih jaman ayeuna. Kurun waktu kawih wanda anyar dimimitian ti taun 50-an nepika kiwari. Kawih wanda anyar di antarana Anggrék Japati, Cinta Nusa, Baju Héjo, Angin Priangan, Hujan Munggaran, jsb., kaasup kawih-kawih anu dikolaborasikeun.
Nyangkem Unsur Rumpaka Kawih
Rasa, ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka kawih.
Nada nyaéta sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca, upamana sedih, nalangsa, handapasor, sombong, éra, hanjakal, jeung sajabana.
Amanat nyaéta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku nu ngawih atawa nungarangna ka nu ngaregepkeun atawa nu maca.
Téma mah minangka hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih.
Kawih, Kakawihan, jeung Tembang
Kawih: lagu teu ka uger ku pupuh waditrana modern tur wirahmana bebas. Contoh: es lilin, bubuy bulan.
Kakawihan: anu Sok dilagukeun ku barudak bari arulin. Contona: cingciripit
Tembang: lagu sunda anu ka uger ku aturan. Pupuh nyaeta rakitan puisi tradisisonal anu kaugerku rupa2 patokan boh wanguna boh eusina.