Harti novel
Novèl tèh sok disebut ogè roman. Novèl asalnya tina basa latin,novus (anyar),robah jadi kecap novèllus, terus robah deui jadi novèl.Ari novèl tèh nyaèta prosa rèkaan (fiksi) panjang dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (komplèks). Novèl mah biasana tokohna loba, alurna panjang,latarna leluasa,tur eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoè. langka novel nu eusina unsur pamohalan saperti dongèng.
Sajarah Novel
Asupna novèl kana sastra sunda tèh mangrupa pengaruh sastra Barat,utamana walanda. Novèl munggaran dina sastra sunda nyaèta Barunag kanu Ngarora karangan daeng kanduruan Ardawinata ( .D.K Ardiwinata),terbit tahun 1914,upama dibandingkan jeung novèl munggaran tina sastra indonesia, Azab dan Sangsara karangan Merari siregar anu terbit tahun 1920,leuwih tihela genep taun medalna Baruang kanu Ngarora.
Penerbit anu medalken novèl novèl sunda nyaèta Bale pustaka,Dahlan Baktie,jeung Kusradi. para pangarang novèl sunda tina entragan taun 1920-an diantarana waè D.K Ardiwinata,R Memed Sastrahadiprawira, Mohammad Ambri,Margasulaksana, Sambas, Susangka, jsb. Pangarang anu novèl novèl na mendengar diterbitkeun ku penerbit dina taun 1930-an nyaèta Yuhana.
Ciri - ciri Novel
Carita rèkaan dina wangun prosa (fiksi)
Latar leuwih lega jeung waktosna leuwih lila
Jèjèr jeung eusina nyaritakeun kahirupan sapopoè
Kajadian nu diceritakeun leuwih ti hiji
Jumlah kecap dina novèl minimal 35.000 kecap
Galur carita leuwih rumit
Jèjèr atawa tèma
2.Palaku atawa tokoh
3.Latar atawa setting
4. Alur
5. Amanat
Novel silih Asih
Novel keluarga
Novel sosial (rumaja jeung barudak)
Novèl misteri (barudak jeung dewasa)
Novèl sajarah
Novèl jiwa