Harti Carpon
Carpon teh karya sastra anu di rèka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuran pondok anu di dieu biasana dicirian ku jumlah kecapna ukur 5.000-7.000 karakter,mun diketik tina kertas A4 mah jumlahna antara 4-7 kaca.
Dina carpon mah jalan carita atawa galurna ogè ilaharna sajalur tara rèa tur teu pajaruwet kawasan novel. Carpon tèh sifatna fiktif,tapi tetep jalan caritana kudu nyindekel kana kahirupan sapopoè anu kaharti ku akal,henteu pamohalan saperti dongèng.
Carpon mimiti sumebar dina sastra sunda basa aya carpon anu dimuat dina majalah parahiangan taun 1920. Dina taun 1930,medal buku kumpulan carpon munggaran nu judulna Dogdog Pangrèwong karya G.S
Ti taun 1930 tug nepika kiwari,carpon tèh loba dimuat dina majalah jeung koran. Aya ogè aanu geus di bukukeun. Buku buku kumpulan carpon,di antarana waè, Carita biasa karya RAF (Rachmatullah Ading Affandie),Papacangan karya Rusman Sutiasumarga,Nèangan Karya Caraka (Wiranta),Hujan Manggaran karya Ayatrohaédi,Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana, Diwadalkeun ka Siluman karya Ki Umbara, Halimun Peuting karya Iskandarwassid,Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, Jiad Ajengan karya Usép Romli H.M, Ki Merebot karya Ahmad Bakri, Murang-maring karya Godi Suwarna, Layung karya Aam Amilia,Halis Pasir karya Us Tiarsa R,Oknum karya Hadi AKS,jeung Dua Wanoja karya Chyè Rety Isnéndés.
Aya deui buku kumpulan carpon para pangarang anu dikumpulkeun dina buku saperti Petingan dikumpulkeun ku Duduh Durahman,Sawidak Carita Pondok anu dikumpulkeun ku Duduh Durahman, Abdullah Mustappa,jeung Karno Kartadibrata, tur Kanagan nu dikumpulkeun ku Duduh Durahman jeung Tatang Sumarsono.
UNSUR INSTRINSIK
Unsur-unsur yang ada di dalam cerita, yaitu
1.Tema: Ide pokok atau pesan utama yang ingin disampaikan pengarang
2.Tokoh: Karakter utama dan pendukung yang berperan penting dalam cerita
3.Alur: Rangkaian peristiwa yang terjadi dalam cerita, bisa linear atau mengandung kilas balik
4.Latar: Gambaran tempat, waktu, dan suasana yang mendukung jalan cerita
5.Gaya bahasa: Teknik pengolahan tata bahasa yang mencerminkan ciri khas budaya
6.Amanat: Pesan moral yang ingin disampaikan pengarang kepada pembaca
UNSUR EKSTRINSIK
1.NILAI NILAI
a. Politik
b. Budaya
c. Sosial
d. Ekonomi
2.LATAR BELAKANG PANGARANG
3.SUDUT PANDANG
a. Sudut pandang orang pertama
b. Sudut pandang orang kedua
c. Sudut pandang orang ketiga