Pengertian: Carpon téh singgetan tina carita pondok. Sakapeung sok aya nu nyebut fadok. Istilah carpon dina sastra Sunda, sarua hartina jeung short story dina sastra Inggris atawa cerpen (cerita pendek) dina sastra Indonésia. Carpon téh karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok. Ukuran pondok di dieu biasana dicirian ku jumlah kecapna ukur 5.000 7.000 karakter, mun diketik dina kertas A4 mah jumlahna antara 4-7 kaca. Mémang aya dua rupa carpon, nyaéta carpon anu pondok (short short story) aya carpon anu panjang (long short story).
Unsur intrinsik carpon:
a. Jejer (tema): ide, gagasan, atawa jejer pikiran anu ngajiwaan carita
b. Latar (setting): patempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita.
c. Palaku (tokoh): naon naon anu ngalakon tur dilalakonkeun dina carita.
d. Galur (alur): runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur.
e. Amanat (pesen): rupaning hal atawa perkara nu rek ditepikeun ku pangarang dina karyana.
Struktur carpon:
Orientasi
Konflik
Klimaks
Antiklimaks
Penutup/koda
Fikmin
Fikmin teh karangan anu panjangna diwatesanan. Minimal 50 kecap, maksimal 150 kecap (leuwih pondok batan carpon).
Tugas Ngaringkes Carpon tina Mangle
Analisis Carpon Pribadi
TÉMA: Sosial jeung komédi
GALUR: Maju jeung mundur
LATAR: dina hiji kampung di Bandung
PALAKU: Yono, Bu RT, Pa Cecep, Fendi, Irfan
PUSEUR SAWANGAN : Jalma kahiji tokoh utama
AMANAT: Hirup téh kedah ati-ati jeung kedah pokus bilih ngalakukeun sagala sesuatu.
STRUKTUR CARITA
ORIENTASI -> ngenalkeun tokoh utama (Yono)
KONFLIK -> nyarita ngeunaan labuh
KLIMAKS -> babaturan Yono labuh dina tangga
ANTIKLIMAKS -> nganjang ka Irfan sareng Irfan ngajelaskeun naha irfan bisa labuh tina tangga
PANUTUP -> Yono jeung Fandi balik ti rumah sakit tempat Irfan dirawat, jeung Yono tisoledat kulit cau