PENGERTIAN
Biografi téh asalna tina basa Yunani, diwangun ku kecap bios nu hartina hirup, jeung graphien nu hartina tulisan. Bisa dihartikeun, biografi téh tulisan ngeunaan kahirupan saurang jalma.
Cindekna, biografi téh riwayat hirup. Eusina biografi téh nyaritakeun kumaha kahirupan saurang jalma mimiti lahir tugi nepi ka wafat. Hal nu penting, taya lian nembrakkeun kumaha jasa-jasana ka nusa jeung bangsa. Biografi nulad kana sumber-sumber buku,koran, majalah, atawa référénsi sajarah.
JENIS
Nilik saha-sahana nu nulisna, biografi téh dibagi jadi dua wanda:
1) Autobiografi atau Otobiografi, nyaéta biografi anu ditulis ku sorangan. Hartina jalma anu nulis téh nyaritakeun biografina sorangan.
2) Biografi, nyaéta ditulis ku batur. Hartina nu nulis biografina téh lain manéhna, tapi batur.
Dumasar padika nuliskeunana, biografi dibagi dua:
a) Authoried Biography, nyaéta biografi anu ditulis ku batur tur aya widi/idin ti tokoh anu ditulis biografina.
b) Unauthoried Biography, nyaéta biografi anu ditulis ku batur tapi euweuh widi/idin ti tokoh anu ditulis biografina, alesanana mah tokoh anu ditulis biografina téh tos pupus atawa taya dikieuna. Ngan biasana, nu nulis biografi sok ménta idin ka kulawarga atawa turunanana.
STRUKTUR
Bubuka: bagian anu ngajelaskeun ngeunaan ngawanohan tokoh, anu eusina nyaeta gambaran awal eta tokoh
Eusi: bagian anu eusina ngeunaan kajadian atawa masalah anu dialami ku eta tokoh
Pamungkas: panutup anu eusina ngeunaan pandangaan anu nulis biografi ka eta tokoh
TUGAS ANALISIS BIOGRAFI
TUGAS NGADAMEL BIOGRAFI