Wawancara nyaeta nyarita dua arah antar dua urang atawa leuwih anu miboga tujuan pikeun meunangkeun data atawa informasi ti pihak anu disebut narasumber ku pihak anu ngawawancara. Tugas anu ngawawacara nyaeta nanya pikeun meunangkeun informasi ti narasumber. Sedengkeun tugas narasumber nyaeta ngajawab pananya ti anu ngawawancara.