Sajak nya eta salah sahiji karya sastra.Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi). Sanajan ditulis dina wangun ugeran, tetela sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada seperti dina pupuh atawa sisindiran.
Sajak teh mangrupa ungkara pikiran,rasa,jeung gagasan pangaran,nu diteupikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan. Eta pasualan teh asalna bisa tina kanyataan kahirupan sapopoe,bias oge ukur rekacipta pangarang sabada ngaliwatan proses imajinasi jeung kontemplasi, anu satuluyna dijanggelekkeun dina wangun rakitan basa anu endah. Eta unsur-unsur diantarana:
a. Adegan Lahir
Adegan lahir nya eta unsur fisik sajak di sawang tina wangunna. Nu kaasup kana adegan lahir sajak, diantarana:
1. Wangun Sajak (Tipografi)
Sajak teh ditulisna beda-beda, upamana wae aya nu sapada, dua pada, jeung saterusna.
2. Pilihan Kecap (Diksi)
Sajak nu alus teh gumantung kana kecap-kecap anu dipake ku panyajakna.
3. Citraan (Imaji)
Citraan atawa imaji teh nya eta pangaruh kecap ka nu maca sajak.
4. Gaya Basa (Figuratif)
Gaya asa dina sajak teh bias ngabalukarkeun ayana harti konotatif.
5. Purwakanti
Padekeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah.
b. Adegan Batin
Adegan batin sajak mah teu katembong langsung, tapi kudu diteuleuman atawa dirasakeun. Carana bias dibaca sabaraha balikan atawa disungsi kumaha eusi atawa maksudna
1. Jejer (Sense)
Jejer teh pokok pikiran anu aya dina sajak. Jejer atawa tema teh gagasan poko anu rek diteupikeun ku panyajak ka nu maca.
2. Rasa (Feeling)
Rasa teh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca.
3. Wirahma (Tone)
Nada teh sikep panyajak ka nu maca. Tina sikep panyajak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca.
4. Amanat (Intention)
Amanat teh pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak. Hartina urang dibere kabebasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji sajak.
Anjeun ngan ukur batu anu didahar ku lebu
Tapi teu aya bosen dina jembatan carita kardiologi anjeun anu ngagedur
Sumanget anjeun nyarios impian anjeun
Sareng ayana anjeun sok émut
Carita penting dimimitian ku bangku anjeun
Langkung saé ngalangkungan tapak suku anjeun
Seuri sareng sedih anu ngahadiran
Janten lambaran pambuka
Dimana anjeun nangtung
Jutaan lampu nyebrot ka nagara
Sasak masa depan anu nyambung
Sakola kuring, nami anjeun bakal teras-terasan disada.
https://drive.google.com/file/d/1UNRysYBFFQl_SqTG8uFUNltxw8eGMB45/view?usp=sharing