Nyaeta pangaweruh ngeunaan tata basa tina basa tulisan anu rek ditarjamhkeun jeung tata basa tina basa tulisan
hasil tarjamahan.Pangaweruh tata basa nyaeta saperti pangaweruh ngeunaan wangun kalimah, kekecapan, nyusun
kalimah jeung sajabana ti eta.
Nyaeta bisa maham ngeunaan kal ungguhan hiji basa dina kahi rupan sapopoe di masarakat pamakena. Umpamana
wae dina basa Sunda aya istilah kacapi
Nyaeta kamampuh dina ngaguar harti jeung makna teks nu rek ditarjamahkeun.
Kecap serepan atawa kecap injeuman nyaeta kecap -kecap anu aya dina basa Sunda anu diserep atawa diinjeum tina basa lianna salian ti basa
Sunda
Salah sahiji kasenian Sunda anu populer di masarakat urang kiwari nyaeta wayang golek. Komo sanggeus bisa disiarkeun dina radio jeung televisi, wayang golek beuki dipikaresep bae ku balarea, boh di kota boh di pilemburan. Lamun sakalieun aya nu hajat nanggap wayang golek, nu lalajo teh ilaharna sok tumplek ti mana-mendi.
Atuh tokoh-tokoh dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan ku masarakat urang, upamana bae Gatotgaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cepot, jeung sajabana. Ieu hiji bukti yen kasenian wayang golek teh geus raket pisan jeung batin urang Sunda.
Wayang golek teh hiji pagelaran anu mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, nyaeta seni sastra (lalakon), seni karawitan (gamelan) seni swara (sinden), jeung seni gerak atawa tari (gerak-gerik wayang) Anu jadi lulugu dina pagelaran wayang golek nyaeta dalang anu pancenna ngalalakonkeun carita.
Kamaheran dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun palasipah atawa ngabodor, ilaharna jadi takeran dipikaresep henteuna hiji pagelaran wayang ku nu lalajo. Ku lantaran kitu, dalang teh diperedih pisan kamaheranana dina rupa-rupa widang.
Asep Sunandar Sunarya upamana, dalang anu kiwari kamashur, kalandep ku balarea teh lantaran kamaheranana dina rupa-rupa widang kasenian sarta bisa ngasongkeun hal anu anyar.
Salian ti ngigelkeun wayang, dalang oge ngagunakeun parabot sejen nyaeta campala jeung kecrek. Campala teh sabangsa palu anu sok ditakolkeun, pikeun ngantebkeun hiji omongan atawa hiji peristiwa anu keur dilalakonkeun. Ari kecrek pikeun ngantebkeun suasana, utamana dina adegan-adegan perang tanding.
Di sagedengeun dalang, nayaga oge nyekel kalungguhan anu penting. Apan para nayaga pisan anu nabeuh gamelan teh. Waditra kasenian anu ilahar digunakeun dina wayang golek diantarana: kendang, goong, saron, bonang, jengglong, gambang, jeung rebab.
Carita anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sinden, nyaeta juru kawih (tukang ngawih) anu nembangkeun lalaguan. Ilaharna lagu anu ditembangkeun ku sinden luyu jeung peristiwa anu keur dilalakonkeun, upamana bae dina peristiwa pikasediheun sinden nembangkeun lalaguan anu sedih, jsb.
Carita wayang teh asalna mah ti India, babonna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa jeung Ramayana karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung Kurawa anu marebutkeun nagara warisan karuhunna, tepi ka ahirna perang campuh di Tegal Kuruseta anu kawentar Perang Baratayuda.
Ari Ramayana nyaritakeun Rama jeung Sinta. Dina Ramayana aya sempalan carita anu ngalalakonkeun Sinta diculik ku Rahwana, raja nagara Alengka. Sabada peperangan, Sinta bisa dipimilik deui ku Rama sarta dititah labuh geni (ngaduruk maneh) pikeun ngabuktikeun kasucian dirina.
Sanajan asalna ti India, wayang teh geus jadi banda budaya Sunda. Ku lantaran kitu, salaku urang Sunda tangtu bae urang kudu milu ngariksa sangkan wayang golek tetep langgeng dipikaresep ku balarea. Sakurang-kurangna urang kudu wanoh sarta mikaresep kasenian wayang golek.
Agatha christie nyaeta panulis istri anu kasohor di dunya. Karya na nyaeta carita detektif sareng misteri. Sapertos perkawis rajapati. novel agatha christie anu kahiji anu ku kuring di baca nyaeta Murder on The Orient Express, anu dina waktis anu sami pilem na sareng judul na nu sami diterbitkeun. Kusabab eta. Panutup buku anu kenging ge mangrupi poster pilem. Nanging sapertos judulna anu di carioskeun di luhur. Sanes novel ieu anu bade dicarioskeun ayeuna. Leres aya carita nu sanes nu kantos dibaca ku kuring tapi dina versi komik sareng nomer halamanna oge alit. Judulna Sapuluh Barudak Negro. Saatos milarian inpormasisanes tentang carita ieu, kuring mendakan kenyataan bahwa judul aslina carita ieu nalika munggaran diterbitkeun di inggris nyaeta Ten Little Niggers.
Padahal dugi ka munggaran di pedar di Amerika serikat judulna dirobih janten And Then There Were None. unikna penerbit versi komik nu ku kuring dibaca nganggo judul sapuluh barudak negro tapi nyelipkeun oge and then there were none di luhurna. panginten maksad anjeuna hoyong ngagabungkeun dua nana sareng teu barang pihak
Sateuacan kuring ngulas langkung seu eur. Kedah apal bahwa kuring ngengingkeun buku ieu di bazar buku di gedung land mark braga kota bandung sakitar taun 2017. Kuring meser buku ieu kusabab kataji ku nami ageung na agatha christie sareng teu acan pernah maca karya na
pangaruh mimiti anu kuring rasakeun pas ngabuka buku ieu nyaeta pikasieuneun. Nya perkawis rajapati. leres carita rajapati cekap kanggo muringkak bulu punduk sareng teu paruguh pas nuju nyalira. Kumaha heunteu. Sapuluh jalmi anu latar belakang na beda dumadak nampi uleman kanggo liburan ka hiji pulo leutik anu tetela jadi pangadilan pikeun marenehanana.sagala kaperluan tos disiapkeun sareng maranehana ngan ukur kedah nyandak acuk sareng kaperluan sanesna anu diperyogikeun. Pendakan di tempat anu sami teras naek kapal ka pulo eta. Nami nami sapuluh jalmi eta nyaeta :
1.Lawrence Wargrave (hakim)
2.Vera Claythorne
3.Philip Lombard ( Letnan)
4.Emily Brent
5.John Gordon McCarthur
6.Edward George Armstrong ( Dokter)
7.Anthony James Marston
8.William Henry Blore
9.Thomas Rogers
10.Mary Rogers
Nami pulo nu janten tujuan aranjeuna nyaeta pulo negro. Saatos sareng sareng angkat ti stasion Paddington. Aranjeuna ngalintas laut bari silih kenalkeun diri masing masing. Tapi tina sapuluh urang eta saleresna teu sadayana sareng angkat. Atos aya Thomas Sareng Mary Rogers di villa anu bade ditempatan sareng ditugakeun kanggo ngalayanan sareng ngaladenan sadayana. Tina cariosan Thomas Rogers, anjeuja sareng bojona Mary ujug ujug kenging seurat ti mr. Owen kanggo angkat ka pulo Negro kanggo ngurus villa. Mr. Owen masihan terang sagalana dugi ka rinci, janten thomas yakin yen jalmi ieu leres leres. Mr owen nyalira kabarna bakal dongkap telat ka pulo.
Dugi ka aranjeuna dugi ka pulo, aranjeuna mimiti ngulilingan pulo sareng ngenalkeun diri masing masing. di Kamar masing masing aya lukisan atanapi naon wae pokokna ngeunaan sapuluh anak negro. Panginten kalimat kalimat anu ditulis kirang pas upami disebat tulisan biasa. Tulisan eta oge anu akhirna janten penentuan nasib ti ka sapuluh jalmi ieu. Eusi tulisan eta siga kieu..
Sapuluh budak negro tuang wengi, sa urang kabesekan, kantun salapan.
salapan budak negro begadang dugi ka subuh, saurang kasarean, kantun dalapan
Dalapan budak negro ngulilingan Devon, sa urang alim uih, kantun tujuh
tujuh budak negro ngampak awi. Sa urang ka kampak. Kantun genep.
genep budak negro ngome sarang nyiruan. Hiji ka seu reud, kantun lima
lima budak negro diajar elmu hukum, sa urang jadi pangacara. Kantun opat
opat budak negro angkat ka laut. Hiji di santok ku lauk herring beureum. Tinggal tilu
tilu budak negro angkat ka kebon binatang hiji di tujil ku biruang kantun dua
dua budak negro calik moyan , nu hiji hanaang kantun hiji
saurang budak negro ngagantung maneh... seep atos.
Kumaha? Gagasan anu luar biasa ti panulis agatha christie Kalayan teu aya nu sanes tina sapuluh urang eta. Saatos jalmi kahiji maot, aranjeuna mimiti saling curiga. masing masing aya kacurigaan saha mr owen anu saleresna. Dugi ka aranjeuna sadar yen mr owen teh saleresna teu aya. Owen ti kata unknown artina teu aya nu apal. Duka saha maksud sareng tujuan na naon sareng kumaha anjeuna dameul sareng nyusun acara kanggo sapuluh urang ieu.
Sakumaha anu kuring sebatkeun di awal yen ieu mang rupikeun padameulan agatha christie anu munggaran ku kuring dibaca, sareng carita siga kieu pandangan kuring ka anjeuna langsung luhur. Hartosna kuring dugi ka gogodeg sareng masihan. Penghargaan anu tinggi kananjeuna.
kurinh janyen kabetot maca karya karya na anu saaes. Tapi kalayan catetan kuring kedah nyiapkeun kawani diri.
Intina carita rongkah nu dicetak dina bentuk komik ieu matak nineung kanggo kuring. Kuring moal nyaritakeun sacaea rinci kumaha proses rajapati ka sapuluh jalmi tadi sareng saha saleresna nu aya di tukangeun ieu sadayana ka pamiarsa di blog ieu.
Mugi mugi ku ulasan sakeudik ieu tiasa mangfaat kanggo pamiarsa. Teras kuring bagja pami aya nu tiasa nanggeup. Haturnuhun wilujeung maca