Naon ari kawih? Kawih asalna tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina sa’ir (kavya bujangga). Istilah kawih dihartikeun rakitan basa sabangsa dangding. Kawih mah henteu makè patokan pupuh. Kawih mangrupa sekar anu kauger ku embat atawa tèmpo kalawan rumpaka atawa sa’ir nu tangtu. Kawih biasana disusun ku ahli husus nu disebut panyanggi (ind. Komponis). Cindekna kawih tèh lalaguan Sunda bèbas, anu henteukauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Rumpaka kawih téh eusina pinuh ku ajén atikan ari rumpaka kawih teu béda jeung rumpaka wangun puisi séjénna, ngan kawih mah geus dilengkepan ku aturan titilaras.
Lalaguan pop Sunda karangan Nano S., Doel Sumbang, atawa nu sok dihaleuangkeun ku seniman calung Hendarso, èta tèh lagu kawih.
Conto lagu kawih “Bubuy Bulan” (Ciptaan Bèni Corda) “Kalangkang”, “Anjeun”, “Cinta” (Ciptaan Nano S.), “Pangandaran”, “Somse” (ciptaan Doel Sumbang), “Mawar Bodas” (Uko H).
Adegan Lahir
Nu dimaksud adegan lahir teh nyaeta unsur fisik rumpaka kawih di sawang tina wangunna. nu kaasup kana adegan lahir rumpaka kawih, diantarana :
Wangun ( tipografi )
Pilihan kecap ( diksi )
Citraan ( imaji )
Gaya bahasa ( Figuratif )
Purwakanti
Adegan Batin
adegan batin rumpaka kawih mah teu katembong langsung, tapi kudu diteuleuman atawa dirasakeun. carana bisa dibaca sababaraha balikan atawa disungsi kumaha eusi atawa maksudna.
Téma/Jejer (Sense) : mah minangka hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan sakabéh eusi rumpaka kawih.
Nada/Wirahma (Tone) : nyaéta sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih, nalangsa, handap asor, sombong, jsb.
Rasa (Feeling) : téh ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka kawih.
Amanat (Intention) : nyaéta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku nu ngawih atawa nu ngarangna.
Kawih buhun / tradisional nyaeta kawih jaman baheula. Contona : "Banjar Sinom"
Kawih jaman jepang nyaeta kawih anu di ciptakeun pas jaman penjajahan jepang. Contona : "Es lilin", "Balon Ngapung"
Kawih wanda anyar nyaeta kawih jaman ayeuna atawa modern. Contona : "Anggrek Japati" , "Angina Priangan"
Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas, anu henteu kaiket ku aturan. Kawih nyaeta mangrupakeun rakitan basa sabangsa dangding anu henteu make patokan pupuh. Kawih mah biasa dihaleuangkeun di mana wae jeung iraha wae conto kawih “ Bubuy Bulan “.
Lamun Kakawihan mah nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda anu biasana dihaleuangkeun dina waktu keur ulin, kakawihan biasa dihaleuangkeun dina kaulinan barudak conto kakawihan “ cingcangkeling “.
Sedengkeun ari Pupuh nyaeta rakitan puisi tradisisonal anu kauger ku rupa2 patokan boh wanguna boh eusina. diwangun ku bait anu geus tangtu jumlahna, unggal tungtungna padalisan geus tangtu sorana ( guru laguna ), unggal padalisan geus tangtu jumlah engangna ( guru wilangan ).
Bedana kawih klasik jeung pop Sunda nyaeta ari kawih klasik mah nyaeta kawih anu ngagunakeun wangun sisidiran sareng biasana ngagunakeun 5 nada atawa pentatonik (da, mi, na, ti, la), sedengkeun pop Sunda nyaeta kawih anu rumpakana cenderung bebas saperti sajak sareng ngagunakeun 7 nada atawa diatonik (do, re, mi, fa, sol, la, si). Sacara umum definisi kawih nyaeta lalaguan Sunda anu rumpakana mangrupa wangun puisi nu henteu kaiket ku aturan.
Bubuy bulan
Bubuy bulan sangray bentang
Panon poe
Panon poe disasate
Unggal bulan, unggal bulan
Unggal bulan abdi teang
Unggal poe,unggal poe
Unggal poe oge hade
Situ Ciburuy
laukna hese dipancing
Nyeredet hate
Ningali ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung
unggal enjing
Nyeredet hate
Ningali sorot socana
Jejer : Rasa cinta ka budaya basa sunda
Nada: sedeng,tinggi sareung tempo kawihna rada cepet
Rasa : gumbira jeung sumanget
Amanat : minangka urang Sunda,urang teh kudu ngalestarikeun budaya Sunda. Salah sahijina nyaeta ngagunakeun basa Sunda dikahirupan sapopoe. Namun urang pas ngagunakeun basa Sunda teh kudu leres sareng sopan soalna kan aya basa Sunda anu kasar. Ari upami urang teu tiasa basa Sunda urang tiasa diajar bahasa Sunda ti kawih,lagu,majalah,dongeng sareng sajabana.
Jejer : Kadeudeuh atawa kaasih,atawa karinduan
Nada : sedeng,tinggi sareng tampona laun atawa lambat
Rasa : Sedih
Eusi : nyaritakeun kasedihan saurang lalaki anu ditinggalkeun ku kakasihna. Kasedihan eta jadi nambah waktu manehna nempo aya awewe anu ngaliwat unggal isuk, sabab waktu nempo sorot matana, eta lalaki teh jadi inget ka kakasihna anu geus ninggalkeun manehna.
Amanat : urang teh kedah ngahilapkeun masa lalu anu nyebabkeun urang sedih wae.