Dongeng atawa dangiang mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran).Nilik wandana jeung eusina dongeng teh kaasup rekaan baheula. Ilaharna dongeng teh pikeun barudak.Patempatan anu jadi latarna mindeng tetela gambaran kaayan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi oge sasatoan, buta, atawa mahluk sejenna.
Dongeng teh mangrupa gambaran dunya ciciptan atawa imajinasi hiji pangarang ngeunaan hiji kajadian nu diwujudkeun dina wangun carita, nu tumurun jeung sumebar ti hiji generasi ka generasi sejenna. Dongeng bisa numuwuhkeun daya visualisasi jeung imajinasi ka nu ngaregepkeunna.
Budi Rahayu Tamsah netelakeun yen dongeng mangrupa carita rekaan anu mere kesan pamohalan tur ukuranana parondok.Dongeng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna.Lantaran sumebar dina wangun lisan, teks dongeng babari robah atawa leungit.Robahna teks teh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja.
Dongeng sasatoan (fabel)
Dongeng sasatoan nyaeta dongeng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeng ngagunakeun akan pikiran. Contona dongeng sakadang kuya jeng sakadang monyet.
Dongeng sasakala (legenda)
Dongeng sasakala atawa legenda nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat, arang sasatoan awata tutuwuhan. Dongeng sasakala mangrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balarea dianggap mibanda dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik sagolongan masarakat.
Papasingan Legenda :
Legenda Agama nyaeta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama Legenda nu geus dikumpulkeun di antarana: Syeh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syeh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat,
Legenda Alam gaib nyaeta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mahluk-mahluk nu gaib.
Legenda tokah jalma nyaeta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.
Legenda tempat atawa legenda wewengkon nyaeta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya.
Dongeng sage (babad)
Dongeng Sage nyaeta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa nu legendaris jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun di masarakat jeung dina sajarahna. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Seh Abdul Muhyi,jsb
Dongeng kahirupan jalma biasa (parabel)
Dongeng parabel nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun jalma biasa. Contona dongeng “Si Kabayan Ngala Nangka”.
Dongeng mite
Dongeng para mite nyaeta dongeng anu eusina patali jeng kapercayaan masyarakat. Contona Dongeng Dewi Sri, Dongeng Nyi Roro Kidul, Dongeng Munjung, Dongeng Maung Kajajaden, jeung Dongeng Ngipri.
Dongeng pieunteungeun
Dongeng pieunteungeun nyaeta dongeng anu eusina mangrupakeun tuladan pikeun manusa.Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok
Dongeng pamuk
Dongeng pamuk nyaeat dongeng anu nyaritakeun kagagahan hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Contona carita Prabu Siliwangi jeung Weasan Aki Sayang Hawu
Tema
tema nyaeta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongeng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadengekeun dongeng.
Galur (plot)
Galur (plot) osok disebut oge jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nyaeta galur merele, galur mabok tengah, jeung galur campuran.
Tokoh carita (palaku)
Tokoh carita (palaku) nyaeta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.Tokoh dibagi jadi tilu rupa, protagonis nyaeta anu jadi tokoh utama, antagonis nyaeta anu jadi tokoh penentang atawa lawanna tokoh utama, jeung tritagonis nyaeta anu jadi Penengah antara tokoh utama jeung tokoh lawan. Palaku oge boga pasipatan atawa watek sewang sewangan, naha sabar, gede ambek, bageur, atawa angkara murka.
Latar (setting)
Latar atawa setting nyaeta panempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita
Amanat,
Amanat nyaeta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca.Umumna amanat dina dongeng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus rengse maca atawa ngadengekeun hiji carita nu sagemblengna.
Sudut Pandang
nyaeta hiji cara mandang dina ngahadirkeun tokoh-tokoh nu aya dina dongeng ku nempatkan posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun.
Gaya Basa
nyaeta hiji teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku pangarang dina raraga ngahasilkeun dongeng anu hirup jeung endah.
nyaeta unsur-unsur ti luar anu mangaruhan kana eusi carita nu aya dina hiji dongeng. Unsur ekstrinsik nu mangaruhan eusi carita nu aya dina dongeng nyaeta saperti nilai budaya, sosial, politik, adat istiadat, jeung agama.
Caritana pondok
Aya bagian anu pamohalan.
Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
Sanajan dongeng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
Sipatna pralogis, nyaeta mibanda logika anu beda jeung logika umum.
Sipatna tradisional, nyaeta sumebarna turun-tumurun.
Pola ngadongeng sok angger.
Rekreatif (hiburan),
Salaku pungsi rekreatif, dongeng mere pintonan visual dina uteuk pangregep boh sacara sadar atawa tan disadaran digambarkeun sorangan ku si pangregep nu ngabalukarkeun munculna rasa atawa kaayaan anteng (asyik) tur panglipur di diri si pangregep nalika ngambah dunya ciciptan/imajinasi dongeng. Pikiran jeung rasa si pangregep museur napakan kajadian dina eta dongeng, nepika kagambar atra yen si pagregep saperti enya-enya aya atawa ningali kana eta gambaran carita.
Edukatif (atikan),
Salaku pungsi edukatif, dongeng bisa dipake sarana pangajaran karakter. Ajen moral dina dongeng dijadikeun sarana ngawanohkeun pangaweruh bebeneran hirup, ngahudang jeung numuwuhkeun sikep tur pamadegan sarta ajen diri hiji jalma, sarta ngawanohkeun sikep-sikep atawa kalakuan anu teu luyu jeung norma-norma nu bener.
Informatif (pangaweruh).
Salaku pungsi informatif, di antarana dongeng bisa ngaronjatkeun pangaweruh kandag kecap, kalimah, babasan, paribasa, ungkara, mamanis basa, sajarah, budaya (boh budaya sorangan atawa sekeseler sejenna), daerah, tur lian-lianna ka hiji jalma. Nalika manggihan hal-hal anu kurang kaharti atawa kurang dipikanyaho, dongeng ngahudang karep si pangregep pikeun nanyakeun atawa neangan sorangan jawaban tina eta perkara.
Sireum jeung Japati
Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep, tulungan..!”
Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar.
Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.
Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan
Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. ”heh japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus ngawengkang bedilna. Teu lila, japati buru-buru geleber hibeur.
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum, kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”ari eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.”
Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu akur jeung silih tulungan. Abdi gaduh sisindiran yeuh…. kieu geura …!!
” Itu lain langlayangan
Manuk heulang puputeran
Hirup teh henteu sorangan
Kudu daek silih tulung. “
= Tamat =
Unsur-Unsur Dina Dongeng "Sasakala Gunung Wayang"
A. UNSUR INTRINSIK
Jejer (Tema) : Nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat (Legenda/ Sasakala tempat atawa legenda wewengkon)
Galur (Plot) : Maju
Tokoh Carita/Palaku Jeung Watak :
Pangeran Jaga Lawang ( nyaah jeung gede ambek )
Nyi Putri Ratna Ningrum ( Sabar jeung satia )
Pangeran Gagak Taruna ( Getol jeung gampang kagoda )
Nyi Kantri Manik ( pendendam )
Latar :
Waktu :
Enjing-enjing
Beurang
Peuting
Suasana :
Asmara
Ambek
Sedih
Tegang
Hariwang
Pikasieuneun
Tempat :
Gunung Wayang
Makam Nyi Kantri Manik
Hulu Walungan Citarum
Hutan
Amanat : Iman urang kedah kuat supados urang teh teu kabengbat hawa napsu anu ngarugikeun.
Sudut Pandang : jalema katilu.
Gaya Basa : basa lemes nu gampil kaharti.
B. UNSUR EKSTRINSIK
Budaya Sunda