ᮎᮛᮤᮒ ᮝᮚᮀ
ᮎᮛᮤᮒ ᮝᮚᮀ
Jejer (Téma)
Nyaeta inti carita ti awal nepi ka akhir
Palaku (Tokoh)
Nyaeta jalma anu ngalalakon dina carita
Latar (Setting)
Nyaeta lingkungan nu ngadasaran lumangsungna hiji kajadian carita
Galur (Plot)
Nyaeta runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka akhir
Puser Sawangan (Sudut Pandang)
Amanat
Nyaeta pesen anu hayang ditepikeun pangarang ngaliwatan carita
Wayang Purwa
purwa teh robahan tina parwa nu hartina mimiti. Biasana lalakonna dibagi jadi sababaraha parwa, nyaeta lalakon Mahabarata jeung Ramayana sarta tuluy dianggap wayang (kulit) nu mimiti diayakeun di pulo Jawa.
Wayang Gedog
Wayang kulit keneh nu ngalakonkeun carita Panji, seperti lalakon Panjisemiran
Wayang Gelung (Golek Elung)
nyaritakeun lalakon Mahabarata jeung Ramayana
Wayang Golek Iket (Wayang Cepak)
nyaritakeun lalakon Prabu Damarwulan, Menakjingga, jsb
Wayang Titi (Potehi)
nyaritakeun lalakon ti nagri Tiongkok
Wayang Beber
lalakonna digambar dina lawon, tuluy dibeberkeun
Wayang Klitik
cara wayang golek tapi laleutik, ditanggapna ti beurang, wayangna : Jan Pieterszoon Coen, Kapten Tack, jste.
Wayang Krucil
cara wayang golek keneh (di Surabaya disebutna wayang klitik) lalakonna Amirhamjah, Umarmaya, jste.
Wayang Wong
wayang jelema, lalakonna tina Mahabarata
Wayang Lilingong
Di Cianjur disebutna wayang klitik, lalakonna mupu kembang, jambatan beusi, jsb.
Wayang Suluh
Tina kulit nyaritakeun lalakon ayeuna ngeunaan sajarah Indonesia jeung pikeun panyuluhan, tokohna jalma kaayeunakeun.
Wayang Golek
dijieunna tina kai kawas boneka, rea sumebar di Jawa Barat.
Urutan struktur tina carita wayang teh aya 6, nyaeta:
Orientasi
Oriéntasi mangrupakeun bagean anu eusina ngenalkeun tokoh, setting (latar), paristiwa atawa kajadian dina carita wayang.
Komplikasi
Komplikasi mangrupakeun bagean anu eusina pengenalan atawa bubuka masalah. Bagéan ieu mangrupakeun awal masalah anu bakal jadi jalan carita dina carita wayang.
Klimaks
Klimaks mangrupakeun bagean anu nunjukkeun masalah atawa konflik dina carita wayang jadi leuwih rumit tur kompleks.
Resolusi
Resolusi mangrupakeun bagean anu nunjukkeun yén masalah atawa konflik dina carita wayang teh geus manggihan solusi pikeun méréskeunana.
Reorientasi
Réorientasi mangrupakeun bagean anu eusina ngenalkeun deui masalah anu aya. Bagean ieu biasana henteu aya dina carita wayang. Ngan, teu nutup kamungkinan bagean ieu ge aya dina carita wayang.
Koda / Amanat
Koda mangrupakeun bagean anu eusina tungtung atawa panutup carita wayang jeung biasana ngandung pesen anu ditepikeun sacara implisit ka anu maca.