ᮎᮛᮤᮒ ᮕᮔ᮪ᮒᮥᮔ᮪
ᮎᮛᮤᮒ ᮕᮔ᮪ᮒᮥᮔ᮪
Sajarah
Carita Pantun kaasup sastra lisan. Turun-temurun jeung sumebarna tatalepa ku cara lisan. Mangkana, carita pantun teh geus aya ti jaman baheula. Carita pantun teh baheula mah dianggap mibanda kakuatan goib (sakral). Malah baheula mah, mun rek magelarkeun carita pantun teh kudu nyayagikeun sasajen heula. Kitu deui juru pantunna, biasana mah jalma lolong. Ku kituna, dina magelarkeun carita pantun ge teu sagawayah, kudu ditataharkeun heula ti anggalna.
Dina sastra Sunda, carita pantun teh gelarna samemeh abad ka-14. Buktina dina naskah Sunda kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesyian (1518 M), ngeunaan carita pantun teh geus disabit-sabit.
Ku kituna, carita pantun dianggap karya sastra asli (pituin) Sunda. Nurutkeun para ahli, carita pantun teh kaasup karya sastra sampakan dina sastra Sunda, lain karya sastra sampeuran. Hartina, lain mangrupa pangaruh tina sastra deungeun. Sanajan can kanyahoan jinekna, tapi carita pantun geus aya dina sastra Sunda ti jaman Pajajaran keneh.
Dina mangsana, carita pantun teh kaasup kasenian anu dipikaresepen ku urang Sunda. Dipintonkeun pikeun hiburan, ditanggap di nu karian, jeung acara ritual seperti ngaruat. Carita pantun anu populer diantarana:
Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya Dikusumah, Deugdeug Pati Jaya Perang, Ratu Bungsu Karma Jaya, Sumur Bandung, jeung Demung Kalagan
Struktur
Bagian rajah teh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun samemeh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rek ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk teh hartina menta idin, menta pangrakarsa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh eta lembur sangkan saralamet
Bagian narasi atawa nyaritekeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Dipiring ku kacapi najan ukur digalantangkeun bae oge.
Bagian deskripsi nyaeta bagian anu ngagambarkeun kajadian tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian, pangrasa hate, jeung kakayaan. Bagian deskripsi teh sok ngahaleuangkeun ku juru pantung, nu matak sok disebut oge papantunan
Bagian dialog atawa paguneman nyaeta paguneman antara parapalakuna. Dialog teh di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan.
Monolog teh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero hate.
Rajah panutup teh hampir sarua keung pengertian rajah diluhur. Ngan ari rajah panutup mah dihaleuangkeunana pas diakhir carita pantun
Unsur Intrinsik
Pikiran utami atawa inti dina hiji carita
Talatah anu palay ditepikeun ku pangarang ka pamaca ngaliwatan karyana
Runtuyan carita ti mimiti dugi klimaks sarta penyelesaian
Pamasihan watek ka palaku-palaku dina hiji carita.
Nalika anu dipake pangarang dina nyerat carita
Cara mandang pangarang haturan ningali hiji kajadian carita
Unsur Kabasaan