Foto
Prewedding
Keysha
Iqbal
Foto
Prewedding
Keysha
Iqbal
Saéstuna, kanggo abdi mah, Praktek Basa Sunda waktos ieu téh mangrupikeun praktek kelas anu kalintang hartosna. Salami abdi sakola, teu acan kantos aya praktek sapertos kieu. Sadayana ngagaduhan pancén séwang-séwangan; aya nu janten pamaén, panari, karawitan, bagian lapangan, nu nulis naskah, sareng nu sanésna. Kabeneran pisan di dieu abdi diperanten janten panganténna, tur éta pisan anu janten salasahiji sabab pangna ieu praktek téh kacida hartosna kanggo abdi. Praktek nikah Sunda ieu moal bade kalangkung saumur hirup.
Abdi hoyong ngahaturkeun nuhun anu saageung-ageungna ka rerencangan sadaya. Aranjeun téh hébat pisan, abdi bingah jalaran aranjeun sadaya kacida kompakna (solid). Abdi moal hilap ka aranjeun, abdi kalintang bingahna margi aranjeun tos janten bagian tina pangalaman hirup abdi. Hatur nuhun, 12-10.
Hatur nuhun pisan ka Bapa, jalaran parantos janten guru anu kalintang asik tur tiasa ngahibur di kelas. Sagala rupi pangajaran sareng praktek-praktek anu parantos dipaparinkeun ku Bapa, bakal teras diémut tur dilarapkeun ku abdi sadaya di payun. Hatur nuhun, Pak Agung. Bapa moal bade hilap dina hirup abdi.