Carita pondok teh nyaeta karangan rekaan (fiksi) anu wangunna pondok sarta ngan ukur ngasongkeun hiji peristiwa. Carpon umumna nyaritakeun hal-hal anu sipatna realistis, diangkat tina kanyataan.Â
Jumlah kecapna tara leuwih ti 10.000 kecap.
Upama diukur ku waktu macana, antara 10 nepika 20 menit.
Kajadian anu dicaritakeun biasana ngan ukur hiji kajadian.
Palaku nu aya dina carita pondok teh teu loba, ukur hiji atawa dua orang.
Caritana kurang kompleks upama dibandingkeun jeung novel.
Miboga hiji plot, setting tunggal, tur ngawengku jangka waktu anu singget.
Mere kesan lir enya-enya kajadian.
Dongeng biasana ngabogaan eusi nu mangrupa carita khayal, sedangkeun carpon eusina bisa mangrupa carita khayal atawa oge carita nyata.
Dongeng kaasup carita prosa heubeud. Sedangkeun carpon kaasup carita prosa anyar.
Dongeng mah biasana anu nulisna anonim, carpon mah anu nulisna atawa ngarangna jelas.
Dongeng jalan ceritana loba teu asup kana akal atawa pamohalan, sedangkeun carpon mah jalan caritana asup akal sok sanajan caritana sarua meunang ngarang.
Biasana palaku dina dongeng bisa naon wae, sedangkeun dina carpon mah ngan jelema hungkul.
Unsur intrinsik nyaeta unsur nu ngabangun karya eta sorangan.
Tema : ide pokok hiji carita.
Latar : tempat, waktu, suasana nu aya dina carita.
Galur (plot) : susunan kajadian nu ngabentuk hiji carita. Aya galur maju, mundur, campuran.
Perwatakan : ngambarkeun watak karakter tokoh.
Tokoh : jalma nu dicaritakeun dina carita jeung loba nyandak peran dina carita. Tokohna aya tokoh protagonis, antagonis, tritagonis.
Amanat : pesan atawa nasehat nu rek disampaikeun.
Neangan ide
Nangtukeun jejer
Nangtukeun palaku jeung watak
Nangtukeun latar
Nangtukeun Galur
Nangtukeun Puseur suwangan
Nangtukeun amanat
Basa nudi dugikeun