Pedaran téh nyaéta tulisan anu medar rupa-rupa informasi, kalawan dilengkepan ku fakta-fakta séjénna. Boh pedaran hasil panalungtikan, boh pedaran pangalaman sorangan. Tangtuna, méré pangaweruh anyar anu gedé mangpaatna keur anu maca.
Biasana dina pedaran mah lain baé medar pamanggih hiji tokoh, tapi dumasar kana pangalaman pribadi. Éta dua hal téh kacida pentingna dina tulisan bahasan mah. Pamanggih hiji tokoh bisa disebut penting, lantaran teu sagawayah. Bisa dibuktikeun ku hasil panalungtikan di lapangan, sarta dilengkepan ku sumber tulisan séjénna (buku, koran, atawa majalah).
Istilah séjén pikeun karangan pedaran téh disebutna éséy. Sabenerna, pedaran mah sarua jeung artikel, boh cara nulisna boh eusiņa. Tapi, pedaran mah medar hiji hal kalawan nyosok jero (objéktif), jeung bisa dibaca iraha baé teu kasengker ku waktu. Ari artikel mah leuwih tandes némbongkeun pamanggih anu nulisna (subjéktif), jeung kasengker waktu lantaran medar hal-hal anu anyar (aktual).
Pedaran tradisi Sunda téh medar ngeunaan sagala rupa unak-anik tradisi Sunda anu hirup di lingkungan urang Sunda. Tradisi téh adat kabiasaan anu turun tumurun dilakonan ku masarakat sarta diwariskeun ti generasi ka generasi kalawan tatalépa, boh ku lisan boh ku paripolah.
Teu sakabéh kabiasaan disebut tradisi, lantaran ari tradisi mah boga ciri-cirina. Ari ciri-ciri tradisi téh di antarana dilaksanakeun dina waktu anu geus maneuh, boga tujuan anu tangtu, kapanggihna di hiji lingkungan masarakat, patalina jeung kapercayaan (réligi), jeung diwariskeunana kalawan turun tumurun
Netepkeun pasualan atawa perkara nu rek ditulis.
Ngumpulkeun bahan atawa data keur ngarojong karangan pedaran, biasana mah tina buku, koran,majalah atawa internet.
Mikiran pijuduleun anu matak ngirut ka nu maca.
Nyusun raraga atawa rangkay karangan.
Mekarkeun rangkay karangan jadi alinea-alinea nepi jadi karangan gembleng.
Nyarungsum karangan nu geus jadi.
Tahap Ngarang Pedaran
Prangarang
Prakna (proses) ngarang
Pascangarang (nyarungsum)
Tehnik Identifkasi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung medar ciri-cirina eta perkara atawa barang.
Tehnik Klasifkasi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung nyieun papasingan eta perkara atawa
barang.
Tehnik Definisi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung mere wangenan kana eta perkara atawa barang.
Tehnik Ilustrasi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung mere gambaran kana eta perkara atawa barang.
Tehnik Proses, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung mere gambaran proses nyieunna eta barang.
Bagian Bubuka , (hal-hal umum perkara pedaran)
Alesan milih jejer (topik) pedaran
Pentingna jejer (topik) pedaran
Legana pedaran
Watesan jejer pedaran
Masalah-masalah anu dipedar
Tujuan jeung gunana pedaran
Bagian Eusi, (Objek nu dipedar)
Wujud jeung wangunna objek
Gunana objek
Wanda atawa tipena objek
Cara-cara nyieunna objek, kitu oge lamun aya
Bagian Pamungkas, (panutup)
Kacindekan tina eusi pedaran
Saran-saran
Sumber: Internet