Pantun dina sastra Indonesia, dina sastra Sunda disebutna sisindiran. Ari pantun dina sastra Sunda nyaéta carita rékaan nu ukuranana panjang. Gelarna sacara lisan tur ngandung hal-hal anu pamohalan kawas dongéng.
Carita pantun bisana ditepikeunana ku juru pantun (nu mantun), dipirig ku kacapi, tur dipagelarkeun salila sapeuting jeput.
Lantaran carita pantun mah sumberna sacara lisan, ku kituna loba pisan vérsi caritana, aya nu disebut: pantun Baduy, pantun Bogor, pantun Priangan, jsté.
Dina sastra Sunda, carita pantun téh gelarna saméméh abad ka-14. Buktina dina naskah Sunda kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesyian (1518 M), ngeunaan carita pantun téh geus disabit-sabit. Ku kituna, carita pantun dianggap karya sastra asli (pituin) urang Sunda.
Juru pantun atawa nu mantun, biasana tapis pisan dina ngabédakeun bagéan anu dicaritakeun, digunemkeun, jeung dihaleuangkeun. Dina bagéan nyaritakeun, biasana mah sorana téh datar. Ari dina bagéan paguneman, juru pantun téh ngarobah sora jeung lentongna. Juru pantun sok niru-niru sora budak, kolot, awéwé, lalaki, ngaluyukeun jeung palaku dina carita. Kitu deui dina bagéan ngahaleuangkeun, juru pantun téh sorana diusahakeun luyu jeung wanda laguna. Bagéan rumpaka anu kudu dihaleuangkeun dina carita pantun disebutna téh papantunan.
Nilik eusina, carita pantun téh lolobana nyaritakeun lalampahan para sinatria putra raja nu keur ngalaksanakeun pancénna, biasana nyanghareupan halangan-harungan saperti gelut, adu jajatén, jeung perang. Sanggeus réngsé ngalaksanakeun papancén, tuluy balik deui ka nagarana, dikawinkeun putri geulis, bari dijenengkeun jadi raja. Ari palakuna lolobana téh pangéran atawa putra Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran. Waktu jeung tempat anu dicaritakeun lolobana dina mangsa Karajaan Pajajaran atawa Karajaan Galuh, kira-kira abad ka-8 nepi ka abad ka-13.
Ari runtuyan carita pantun téh biasana diwangun ku galur miang, ujian, jeung mulang.
Miang Bagean carita nu ngalalakonkeun yén tokoh utamana téh kudu ngalalana, boh ka leuweung, ka dasar sagara, boh ka hiji nagara.
Ujian Bagean Nalika tokoh keur ngalalana, biasana sok aya halangan-harungan ti musuhna. Malah sok nepi gelut, ngadu jajatén, jeung ka perang. Sanggeus tokoh lulus tur bisa ngungkulan halangan-harungan anu kaalamanana, biasana balik deui ka nagarana.
Mulang Bagean akhir sapertos dikawinkeun ka putri geulis jeung dijenengkeun jadi raja.
Rajah nyaéta ciri mangkat carita nu eusina sanduk-sanduk ka Nu Kawasa, sangkan salila mantun téh lancar. Bagéan rajah dihaleuangkeun ku juru pantun.
Narasi nyaéta bagéan carita anu ditepikeun ku juru pantun keur ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian dina carita. Dina nepikeun narasi, juru pantun téh aya nu digorolangkeun aya ogé nu dihaleuangkeun.
Dialog nyaéta guneman antara hiji tokoh jeung tokoh séjénna.
Monolog mah nyaéta guneman hiji tokoh ka dirina sorangan. Biasana bagéan monolog mah sok dihaleuangkeun.
Conto caritana nyaéta:
Ciung WInara
Sulanjana
Banyakcatra
Nyi Sumur Bandung
Gajah Lumantung
Lutung Kasarung
Satuluyna perlu ditétélakeun yén carita pantun téh baheula mah dianggap mibanda kakuatan goib (sakral). Ku kituna, dina magelarkeunana gé teu sagawayah. Kudu ditataharkeun heula ti anggalna. Malah baheula mah mun rék magelarkeun carita pantun, kudu nyayagikeun sasajén heula.
Juru pantunna, biasana mah jalma lolong. Mun juru pantunna jalma nu bisa nempo, salila keur mantun mah tetep kudu bari peureum. Méméh mantun, biasana juru pantun sok puasa heula.
Lian ti éta, juru pantun téh sok mibanda kayakinan yén anu nu nyurup ka dirina. Atuh carita pantun nu dicaritakeun ku juru pantun gé, sagemblengna sok ditalar (teu maca naskah).
Carita pantun téh baheula mah ditanggap mun aya acararuwatan, sukuran, jeung salametan.
Kabéhdieunakeun, carita pantun téh tara dipagelarkeun sapeuting jeput, tapi ngan ukur jam-jaman. Ku kituna, sok aya nu disebut pantun beton. Baheula mah sok aya dina radio. Kiwari, carita pantun téh geus aya nu dikasétkeun jeung dibukukeun sagala. Ngan hanjakal, ari nu nanggap carit apantun mah geus beuki langka. Padahal pantun téh salasahiji karya seni Sunda nu gedé ajénna.
BUCAT