Istilah drama, asalna tina basa Yunani, dramoi, hartina niron-niron (gerak). Tina éta kecap bisa ditapsirkeun yén drma téh karya sastra anu ngumtamakeun niru gerak jeung tingkah laku.
Upama dicindekan, drama téh nyaéta karya sastra carita atawa lalakon anu diwujudkeun dina wangun paguneman tujuanna keur dipintonkeun.
1. Tema;
2. Palaku;
3. Alur (maju, bobok tengah, jeung mundur);
4. Latar (waktu, tempat jeung suasana);
5. Watek;
6. Puseur sawangan/sudut pandang (jalma kahiji, kadua jeung katilu);
7. Amanat.
Pertélaan palaku, nyaéta anu ngabedélkeun ngaran jeung katerangan palaku.
Babak jeung adegan, nyaéta anu ngabagi-bagi karangan drama. Dina hiji babak dilakonkeun kajadian-kajadian di hiji tempat dina saruntuyan waktu.
Candraan, nerangkeun kaayaan latar, suasana, palaku, kajadian jeung lianna. Sarta biasana ditulis saperluna pisan.
Paguneman (dialog), kalimah langsung para palaku anu dilih témpas.
Prolog jeung Épilog, prolog (manggalasastra) nyaéta katerangan atawa pamanggih pangarang ngeunaan lalakon anu baris disuguhkeun. Ari épilog mah kacindekkan lalakon jeung naséhat pangarang.
Dumasar cara mintonkeunna :
Drama rakyat;
Drama modern;
Drama klasik; jeung
Gending Karésman.
Dumasar kana sifatna
Drama tragedi;
Drama komedi;
Drama melodrama; jeung
Drama Farce.
Aya sababaraha hal nu kudu diprhatikeun upama urang rék ngagarap pintonan drama :
Nyusun kapanitiaan.
Nangtukeun para pamaén, sutradara jeung jadwal latihan.
Pamaén kudu latihan vokal, lantaran vokal aktor dina drama kudu ngoncrang.
Pamaén kudu latihan ngolah paroman (éksprési)
Dina prung pagelaran, kudu kompak tur tartib.