Carita wayang nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Upama nilik kadinya, lalakon wayang teh rupa-rupa gumantung kana jenis wayang na.
1. Wayang gelung nyaritakeun lalakonan Mahabarata jeung Ramayana
2. Wayang kilitik (krucil) nyaritakeun lalakonan prabu Damarwulan Menakjingga.
3. Wayang potehi nyaritakeun lalakon ti Nagri cina
4. Wayang cepak nyaritakeun lalakon Umar Maya, Jayengran
5. Wayang suluh nyaritakeun lalakon Sajarah Indonesia
Wayang gelung populerna disebut wayang golek, ka asup pintonan kasenian anu masih keneh dipika resep ku urang sunda, pangpangna sabada dipopulerkeun ku Asep Sunandar Sunarya jeung kulawarga Giriharja. Wayang gelung teh nyaritakeun lalakon Mahabarata jeung Ramayana.
Dina Mahabarata anu nyekel keadilan teh Pandawa, sedengkeun fina Ramayana nu nyekel keadilan teh Barata Rama. Carita wayang anu nyokot tina Mahabarata atawa Ramayana disebut carita galur atawa lalakon galur. Carita wayang asalna ti India, mareng jeung asupna agama Hindu, terus mekar jeung nerekab nepika kiwari.
Carita wayang "Gatotkaca Perlaya" kaasup carita wayang anu populer. Maksudna dipikawanoh, boh ku padalarang, boh ku masarakat nu micinta kasenian wayang. Eta lalakon sakapeung sok disebut "Gatotkaca Gugur" atawa "Jaya Perbangsa". Mangrupa sempalan (bagian) tina carita Baratayuda, anu medar perang tutumparan antara Kurawa (Astina) jeung Pandawa (Amarta).
Mitos Gatotkaca unggal perang kudu meunang, geus puguh napel di masarakat. Gatotkaca dianggap simbul satria sajati. Boga ajian pancabraja jeung Narantaka, boga baju Kere Antakusumah, nu ngahiji jeung awakna.
Gatotkaca dianggap simbul satria sajati. Gagah sakti mandraguna, boga rupa-rupa kasakten, bisa ngapung ngawang-ngawang, sikepna jujur jeung handap asor. Boga ajian pancabraja jeung Narantaka, boga baju Kere Antakusumah, nu ngahiji jeung awakna.
Saawak-awak Gatotkaca pinuh ku ajian. Dampal leungeun kenca katuhuna, ngandung ajian Brajawisesa jeung Brajadenta. Suku kenca katuhu, ngandung Brawajisesa jeung Brajalambatan.
Sajaba ti eta, dina ceulina aya Dewa Saptapangrungu. Perbawana bisa ngadenge ti kajauhan. Dina carita wayang versi padalangan urang (Sunda) tokoh Gatotkaca kacida hebatna, gagah jeung sakti, ganteung deuih. Logat nyaritana pinuh ku komara. Gerem na matak ngageterkeun hate musuh.
Gambaran sakitu teh beda kabina-bina, upama urang maca carita aslina (Mahabrata). Dina eta buku, boh rupana, boh awakna, nuhun ka karuhun indungna (Dewi Arimbi) raksasa alias buta. Panon bolotot barijil, beuteung budayut, najan lalaki susuna ambay-ambayan, biwir kandel sarta jebleh kalepasan, sisi-sisina katempong sihung ranggeteng. Cindekna goreng patut pikagilaeun.
"Jabang Tutuka", nyaritakeun lahirna Gatotkaca
"Pergiwa-Pergiwa", nyaritakeun Gatotkaca Krama (Kawin)
"Sanghyang Talaga Pancuran", nyaritakeun Gatotkaca ngabendung Walungan Gangga, nepi ka alam dunya kakurangan cai.
"Ulun Umbul" atawa "Budak Buncir", nyaritakeun Gatotkaca salin rupa jadi jelema goreng patut, tapi bogoh ka putri kembar Dewi Pergiwa-Pergiwati.
"Pancabraja" atawa "Gatotkaca Sabda Guru", nyaritakeun Gatotkaca guguru nepi ka meunang ajian Pancabraja jeung kasakten lianna.
Tapi kabehanana eweuh nu nyaritakeun Gatotkaca eleh perang, tug nepi ka maotna. Saperti carita "Gatotkaca Perlaya". Sabab Gatotkaca mah teu kaci eleh ten, sakapeung Gatot kaca sok disebut Gatotgaca.
Carita bobon dina wayang teh nyaeta Ramayana jeung Mahabarata. Ramayana dikarang ku Walmiki jeung Mahabarata dikarang ku Wiyasa. Ngan ku kabinekasan para dalang wayang diurang, sakapeung duanana sok dipacorokkeun dina lalakon rekaan. Ari posisi carita tara dibalikeun.
Dasamuka teh bisa jadi ngaran jujuluk pikeun Prabu Rahwana. Ari dasa teh hartina sapuluh. Harti Sacerewelena, sapuluh beungeut pikeun ngagambarkeun yen Rahwana teh boga sapuluh pasipatan.
Dasamuka anu nyieun kahajatan moral sakama-kama, elehna mah ku Anoman. Kitu ge lain dipateni, tapi digencet ku gunung sakembaran anu katelah Gunung Sondara Sondari. Anoman dibere panjang umur ngan tugasna ngajaga dasamuka ulah kabur ti Gunung Sondara Sundari.
Jadi, kusabab boh Dasamuka, boh Anoman panjang umur, nya para dalang boga alesan pikeun nyieun carita rekaan ngasupkeun tokoh-tokoh carita Ramyana jeung Mahabarata.