S A M P U R A S U N !
S A M P U R A S U N !
Wasta : Najwa Sahla Azizah
Tanggal Lahir : Bandung, 29 Juni 2004
No. Telepon : 087730601486
NIS : 202110199
Kelas : XII MIPA 6
No. Absen : 20
Angkatan : 3’2023
Cita – cita : Dokter Gigi
Sunda Ceuk Kuring
Nu kabayang ku abdi, waktos nguping sareng maca kecap SUNDA nyaeta tradisi anu beda-beda contona tari-tarian sunda, bahasa sunda, aksara sunda, angklung, sisingaan, kabaya, sareng wayang golek. Wayang golek anu terkenal salah sahijina Si Cepot. Abdi urang Sunda sok emut istilah silih asih, silih asah, sareng silih asuh. Hartosna masyarakat sunda mah silih mikanyaah, silih ngariksa diri, sareng silih jaga.
Sadaya sakola anu aya di Jawa Barat wajib aya pelajaran Bahasa Sunda. Diajar Bahasa Sunda janten tantangan kanggo abdi, kumargi pelajaran Bahasa Sunda kaetang hese. Tapi abdi tetep soson-soson diajar Bahasa Sunda. Salaku urang Sunda abdi kedah tiasa sareng kedah teras diajar Bahasa Sunda.
Manfaat diajar Bahasa Sunda nyaeta bakal ngalestarikeun bahasa daerah abdi nyalira. Upami tiasa Bahasa Sunda, urang janten gampil kanggo komunikasi sareng nusanes nganggo Bahasa Sunda. Urang oge janten terang budaya-budaya Sunda anu beda-beda, sareng bakal nambihan kacintaan urang kanu bahasa, budaya, kasenian, sareng adat istiadat Sunda.
Seksi BIDANG 5
OSIS LXIX
SMA Negeri 3 Bandung