Pedaran disebut oge KARANGAN BAHASAN, EKSPOSISI, atawa ARTIKEL.
Pedaran disebut oge KARANGAN BAHASAN, EKSPOSISI, atawa ARTIKEL.
Pedaran nyaeta mangrupa wacana atawa kaangan anu eusina ngajentrekeun hiji objek, kumaha prosesna, tujuanana, jeung naon kagunaanana. Boh tina hasil panalungtikan atawa pangalaman sorangan. Karangan pedaran gede mangpaatna pikeun ngalegaan pangaweruh ngeunaan hiji jalma.
ARGUMENTASI
Wacana nu eusina ngajéntrékeun atawa nerangkeun bener henteuna hiji perkara, dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
DESKRIPSI
Tulisan nu ngagambarkeun objék, tempat atawa kajadian kalayan jéntré ka pamaca, siga nu ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarkeun dina wacana.
EKSPOSISI
Wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana. Tulisan bahasan mah ilaharna sok maké wangun tulisan campuran contona déskripsi jeung narasi, atawa narasi jeung argumentasi.
NARASI
Karangan tulisan nu nyaritakeun lumangsungna hiji kajadian ti mangsa ka mangsa, kalawan ngaruntuy turut runtut.
BUBUKA
Midangkeun hal-hal umum perkara eusi pedaran
alesan milih jejer (topik) pedaran
pentingna jejer (topik) pedaran
legana pedaran
watesan jejer pedaran
masalah-masalah anu dipedar
tujuan jeung gunana pedaran
EUSI
Midangkeun objek nu dipedar, saperti :
wujud jeung wangunna objek
gunana objek
wanda atawa tipena objek
cara-cara nyieunna objek, kitu oge lamun aya
PAMUNGKAS (PANUTUP)
Midangkeun dua hal :
kacindekan tina eusi pedaran
saran-saran
Teknik Identifikasi
ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung medar ciri-cirina eta perkara atawa barang.
Teknik Klasifikasi
ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung nyieun papasingan eta perkara atawa barang.
Teknik Definisi
ngajentrekeun hij perkara ku cara neangan jeung mere wangenan kana eta perkara atawa barang.
Teknik Ilustrasi
ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung mere gambaran kana eta perkara atawa barang.
Teknik Proses
ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung mere gambaran proses nyieunna eta barang.
Netepkeun pasualan atawa perkara nu rek ditulis.
Ngumpulkeun bahan atawa data keur ngarojong eusi karangan pedaran, biasana mah tina buku, koran, majalah, atawa internet.
Mikiran pijuduleun anu matak ngirut ka nu maca.
Nyusun raraga atawa rangkay karangan.
Mekarkeun rangkay karangan jadi alinea-alinea nepi ka jadi karangan gembleng.
Nyarungsum karangan nu geus jadi.
Di Sumedang mah di antarana nu sok pada ngarep-ngarep ku balarea teh iring-iringan, nyaeta ngaleutkeun budak sunatan, dina poean mandi kembang piisukaneun ngeureut. Kuda renggong jeung bangbaronganana nu pangdidago-dagona teh.
Dina emprona jalma ti unggal lembur nu kaliwatan iring-iringan, sok budal maregat di sisi jalan. Tong boro nu keur nyalse, nu keur baranggawe oge, cul we lanan. "Rada rurusahan nyeuseuh teh da sieun kaporotan iringiringan." Teu aneh ngadenge omong kitu teh.
Tukang warung nu keur ngaladangan, tukang bas nu keur ngagusruk, tukang macul nu keur ngagecruk, tukang ngarambet nu keur totonggengan, sakurang- kurangna nyelang ngajanteng, nyerangkeun heula ti kaanggangan.
Teu matok budak lalaki bae, budak awewe nu reke digusaran ge osok ditumpakkeun kana kuda. Malah nu kariaanana wungkul ngagusaran ge sok rea nu make kuda renggong. Tara sina nyempong diukna teh sanajan budakna awewe oge, sok sina nyangegang we, da make papakean satria, disiger.
Sapanjang diiring-iring, budak karia teh anjeucleu, ancreug-ancreugan, kabawa ku obahna tonggon kuda. Leungeunna teu reureuh ngupat-ngapit carecet dirurumbean. Tapi mindeng oge kajadian, sakuriling bungkingna bubrah ku nu eak-eakan teh, "nu boga lalakonna" mah ngalenggut dina tonggong kuda, ngimpi boa.
Aya kalana kuda renggong teh ngaleut aya genep-tujuhna, malah ngawelas. Nu lobaan kitu teh mun babarayaan nu boga hajat harayangeun sakalian nyukakeun anakna. Nyarewa weh kuda renggong masing-masing, tatabeuhanana nebeng. Itunganana meungpeung aya nu hajat, da teu umum numpak kuda renggong "teu puguh" (nu teu make tatabeuhan) mah. Komo nu boga cacarekan can dilaksanakeun mah, basana ge bisi ditagih ku alip dipenta ku dewa!
Tukangeun kuda renggong, ngaleut rombongan nu narabeuhna. Luluguna kendang, goong jeung tarompet penca. Panambahna kenong jeung kecrek. Kendang diais ku nu ngendangna, teu make kulanter da. Goong direreyang ku tiluan, nu nanggung duaan, nu nakol saurang. Sindenna ngahaleuang bari leumpang, papanasan. Mani sok ngagarendang ku kesang dina tarang tukang ngahaleuang teh. Da rata-rata nu nanggap kuda renggong mah usum katiga. Jaba waktu iring-iringan teh antara tabuh sapuluh nepi ka tabuh dua, sesedengna panas nongtoreng.
Nu royal, bari aya bari resep mah, sok make rombongan tanji sagala. Tarompet gede leutik duka tina kuningan duka parunggu. Ukuranana ti mimiti nu saluhureun tarompet penca, naek-naek nepi ka nu sagede oray sanca biangna, disolendangkeun kana awak nu niupna, mecak siga nu dibeulit oray. (Najan mingkin langka ge, di Conggeang jeung Buahdua mah aya keneh rombongan tanji nu jalan keneh nepi ka ayeuna).
Tukangeun rombongan nu nabeuh, ilahar harita mah make kuda nu lengoh, taya nu numpakan ukur ditungtun we ku saurang. Minangka selana, samping kebat dilipet opat, diturubkeun kana tonggongna, ditalian weh ngarah teu hehelaban katebak angin. Cukup hiji we kuda kieu mah rek sababaraha ge kuda renggongna. leu teh nu disebut kuda karuhun tea. Rata-rata percaya jelema harita mah, yen eta kuda teh saestuna henteu lengoh, tapi aya nu numpakan, nyaeta sang karuhun. Kuda karuhun mah lain kuda renggong, tapi kuda biasa. Leumpangna ge ngalenghoy we lir kuda nu teu nangan, teu bisaeun ucad-aced.
Tanggal 21 September 2022, kuring sareng rerencangan jumplukan ngapresentasikeun jeung praktek ngeunaan Siraman Adat Sunda.