RASA SAYANGE
Kabudayaan Indonesia teu bisa dipisahkeun tina kahirupan masarakatna anu raket jeung alam, tradisi, sarta kabersamaa. Ieu katingali dina rupa-rupa karya seni, kaasup lagu-lagu daerah. Salah sahijina nyaeta Rasa Sayange.
Rasa Sayange nyaeta lagu tradisional anu asalna ti Maluku. Hal ieu kacida poupuler di Indonesia malah di sababaraha nagara tatangga. Lirikna basajan, bageur, sareng dijiwai ku nilai-nilai kabersamaan sareng karep. Lirik ngebrehkeun rasa kanyaah, prihatin ka batur, jeung ngahargaan kana lingkungan alam.
Asal muasal tambang ieu ipercaya asalna tina tradisi Maluku ngalagukeun pantun bulak-balik. Lagu ieu parantos diwariskeun ti hiji generasi ka generasi salajengna. Jaman baheula, "Rasa Sayange" ditembangkeun ku jalma-jalma ngarumpul di kebon, lalayaran, atawa ina upacara adat minangka hiburan sarta pikeun nguatkeun tali uuluran. Ku lantaran sipatna terbuka, lirikna mineng mekar luyu jeung kreativitas panyanyi, sahingga jadi lambang kaeukeutan di masarakat Maluku.
Dina widang musik, melodi lagu Rasa Sayange karasa hampang, riang, sarta gampang dituturkeun, sahingga merenah lamun dinyanyikeun bareng-bareng. Ieu lagu biasana diiringan ku alat musik tradisional Maluku saperti tifa ( gendang khas Maluku ), totobuang ( gong leutik ), sarta kadang dipaukeun jeung suling bambu, Gabungan sora alat musik eta ngahasilkeun irama anu haneut jeung pinuh sumanget, sakuyu jeung pesan kabersamaan anu dibawa ku ieu lagu.
Ciri khas eta tembang teh nyaeta wirahma nu riang tur gapang diturutan, nu jadi sababna mineng ditembangkeun bulak-balik dina pantun atawa babarengan dina acara acara masarakat. Ieu tembang ilaharna dipake pikeun ngabageakeun semah atawa marengan upacara adat, sebab ngandung talatah silaturahmi jeung duduluran.
Kalayan wirahma anu hampang sareng lirik anu emut, Rasa Sayange sanes ngan ukur warisan buaya Maluku tapi oge sumber musik tradisional Inonesia anu beunghar, ngagambarkeun sumaget persatuan sareng kabagjaan.