Carita wayang nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang.
Lalakon wayang téh rupa-rupa gumantung kana jenis wayangna.
Wayang Gelung nyaritakeun lalakon Mahabrata jeung Ramayana;
Wayang Klitik (krucil) nyaritakeun Prabu Dawarwulan, Menak Jingga, jeung sajabana;
Wayang Potéhi nyaritakeun lalakon ti Nagri Cina;
Wayang Cepak nyaritakeun lalakon Umar Maya, Jayéngrana, jeung sajabana;
Wayang Suluh anu nyaritakeun lalakon sajarah Indonésia.
Wayang Gelung anu leuwih populer disebut wayang golék, kaasup pintonan kasenian anu masih kénéh dipikaresep ku urang Sunda, pangpangna sabada dipopulérkeun ku Asép Sunandar Sunarya jeung Kulawarga Giriharja. Nepi ka kiwari masih kénéh aya anu nanggap, sok sanajan beuki dieu beuki ngurangan.
Dina Mahabarata anu nyekel kaadilan téh Pandawa, ari anu murka nyaéta Kurawa. Sedangkeun dina Ramayana anu nyekel kaadilan téh Batara Rama, anu murka nyaéta Prabu Rahwana atawa Dasamuka.
Carita Wayang téh asalna ti India. Asup ka urang mareng jeung asupna agama Hindu. Terus mekar jeung nerekab nepi ka kiwari. Tangtu baé aya anu nambahan jeung aya anu ngurangan, boh caritana boh tokoh-tokohna, boh tempatna, jeung sajabana.
Carita wayang “Gatotkaca Perlaya” kaasup carita wayang anu populér. Maksudna dipikawanoh, boh ku paradalang, boh ku masyarakat nu mianta wayang. Eta lalakon sakapeung sok disebut “Gatotkaca Gugur” atawa “Jaya Perbangsa”. Mangrupa sempalan (bagéan) tina carita Baratayuda, anu medar Perang tutumpuran antara kurawa (Astina) jeung pandawa (Amarta) .
Mitos Gatotkaca unggal perang kudu menang, geus puguh napel di masyarakat. Gatotkaca dianggap simbul satria sajati. Gatotkaca boga ajian pancabraja jeung Narantaka. Boga baju keré Antakusumah, nu ngahiji jeung awakna.
Saawak-awak Gatotkaca pinuh ku ajian. Dampal leungeun kenca katuhuna, ngandung ajian Brajamusti jeung Brajadenta. Suku kenca katuhuna, ngandung aji Brajawisesa jeung Brajalambatan.
Sajaba ti éta, dina ceulina aya Déwa Saptapangrungu. Perbawana bisa ngadéngé ti kajauhan. Dina carita wayang versi padalangan urang (Sunda) tokoh Gatotkaca kacida hébatna, gagah jeung sakti ganteng deuih. Logat nyaritana pinuh ku komara.
Carita wayang anu ngalalakonkeun Gatotkaca, lain ngan "Gatotkaca perlaya", "Gatotkaca gugur" atawa "Jaya perbangsa" wungkul.
"Jabang Tutuka", Nyaritakeun lahirna Gatotkaca
"pergiwa-pergiwati", Nyaritakeun Gatotkaca krama (kawin)
"Sanghayang Talaga Pancuran"Nyaritakeun Gatotkaca ngabendung Walungan Gangga
"Ulun Umbul" atawa "Budak Buncir" Nyaritakeun Gatotkaca salin rupa jadi jelema goéeng patut, tapi bogoh ka putri kembar Déwi Pergiwa-Pergiwati.
"Pancabraja" atawa "Gatotkaca Sabda Guru", nyaritakeun Gatotkaca guguru nepi ka meunang ajian Pancabraja jeung kasaktén lianna.
Tapi kabéhanana euweuh nu nyaritakeun Gatotkaca éléh perang, tug nepi ka maotna, saperti carita "Gatotkaca Perlaya". Saban Gatot Kaca mah teukaci éléh téh, sakapeung Gatotkaca sok disebut Gatotgaca.
Carita babon dina wayang téh nyaéta Ramayana jeungmahabarata. Ramayana dikarang ku Walmiki jeung mahabarata dikarang ku Wiyasa. Ngan ku kabinékasan para dalang wayang diurang, sakapeung duanana sok dipacorokkeun dina lalakon rékaan. Ari posisi carita rékaan tara dibalikkeun.
Dasamuka téh bisa jadi ngaran jujuluk pikeun prabu Rahwana. Ari dasa téh hartina sapuluh. Harti sacéréwéléna, sapuluh beungeut, pikeun ngagambarkeun yén Rahwana téh boga sapuluh pasipatan.
Dasamuka anu nyieun kajahatan moal sakama-kama, éléhna mah ku Anoman. Anoman dibéeré panjang umur ngan tugasna ngajaga Dasamuka sangkan ulah kabur ti Gunung Sondara Sondari.
Jadi, kusabab boh Dasamuka boh Anoman paranjang umur, nya para dalang boga alesan pikeun nyieun carita rékaan, nyaéta ngasupkeun tokoh-tokoh carita Ramayana kana carita Mahabrata.