Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun.
Carita pantun biasana dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug téh dimimitian ti bada isa.
Ukuran carita pantun umumna paranjang. Malah aya lalakon nu kakara tamat ku tilu peuting, saperti lalakon Badak Pamalang.
Dumasar kana médiana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan
Pantun mangrupakeun hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah sunda "Sanghyang Siksa Kandang Karesian" taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipindangkeun ku "Prepantun", juru pantun tea.
Kamekaran seni pantun salajengna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajenna dianggap luhung. Di Kanekes nu masyarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun the dalit pisat. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan atawa adat. Kamekaran seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. R. Aria Cikondang (abad ka 17), Aong Jaya Lahiman (abad ka 19), Uce (abad ka 20)
Carita pantun téh kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung sumebarna tatalépa ku cara lisan. Munasabah upama dina kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung pantun Baduy.
Galur
Nilik kana alur caritana, aya dua golongan, nyaéta galur leunjeuran jeung galur simpay.
Galur leunjeuran nyaéta galur carita nu ngaleunjeur, lempeng. Kapanggihna tina niténan ruruntuyan kajadian dina unggal épisodeuna. Dina pungkasan caritana, anu ngalalakon téh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna. Sabada ngéléhkeun sababaraha nagara téh tuluy tumetep ngaheuyeuk nagara patalukan nu pangahirna.
Dina galur simpay, palaku utama téh ahirna bisa mulang deui ka nagara asalna sanggeus ngalalana meunang rupa-rupa dodoja, cocoba, sarta pribadina beuki punjul. Lalakon pantun nu kaasup golongan galur simpay téh henteu réa. Contona: pantun Ciung Wanara, Lutung Kasarung, jeung Mundinglaya di Kusumah.
Lalakon
Lalakon pantun anu leunjeuran caritana galur simpay téh, umurna leuwih kahot (batan anu caritana galur leunjeuran)
Bagian rajah téh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun saméméh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun. Nilik eusina, rajah téh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian penting dina pantun.
Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabédakeun carita pantun jeung seni (sastra) séjénna. Nu matak pantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama euweuh rajahan. Rajah téh salilana aya di bagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-pondokna rajah jeung béda-bédana rajah henteu gumantung kana carita nu dilalakonkeunana, tapi leuwih gumantung ka juru pantunna. Sanajan caritana béda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna ogé henteu béda.
Bagian narasi atawa nyaritekeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Beda jeung rajah katut kajadian deskripsi (papantunan), lebah bagian narasi mah henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger bae dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun bae oge.
Bagian deskripsi nyaeta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, lengser lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti eta, bagian deskripsi te ngagambarkeun oge pangrasa hate saperti sedih, ngangres, ngenes, ambek, hareneg, jeung sajabana; sarta ngagambarkeun kaayaan.
Bagian deskripsi teh sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak sok disebut oge papantunan. Kaasup bagian nu pikareuseupeun, lantaran umumna juru pantun ngagunakeun gaya basa babandingan anu lucu tur karikatural pikeun ngagambarkeun kajadian atawa kaayaanana.
Bagian dialog atawa paguneman nyaeta paguneman antara parapalakuna. Sakumaha umuna dina karya sastra lainna, dialog teh di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan. Bagian deskripsi nyaeta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, lengser lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti eta, bagian deskripsi te ngagambarkeun oge pangrasa hate saperti sedih, ngangres, ngenes, ambek, hareneg, jeung sajabana; sarta ngagambarkeun kaayaan.
Bagian dialog atawa paguneman nyaeta paguneman antara parapalakuna. Sakumaha umuna dina karya sastra lainna, dialog teh di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan.
Monolog teh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero hate. Contona monolog Lutung Kasarung dina pantun Lutung Kasarung.
Pengertian rajah panutup teh hampir sarua jeung pengertian rajah dilihur. Ngan ari rajah panutup mah dihaleuangkeunana pas diakhir carita pantun.
Unsur intrinsik nyaeta unsur nu aya dina jero carita. Nu kaasup unsur-unsur intrinsik, nyaeta:
1. Tema atawa jejer carita nyaeta gagasan pokok anu jadi dadasar pikeun pangarang dina nyusun caritana.
2. Alur atawa plot mangrupakeun runtutan kajadian anu miboga hubungan, sabab akibat (kausalitas).
3. Latar atau setting mangrupakeun tempat, waktu, jeung kaayaan kajadian dina eta carita.
4. Penokohan nyaeta cara pangarang dina ngagambarkeun jeung ngembangkeun watek tokoh-tokoh dina carita.
5. Amanat mangrupakeun ajaran moral anu ditepikeun pangarang dina eta carita
Pintonan pantun biasana dipidangkeun kira jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katémbong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. Najan dipidangkeun pikeun tujuan hiburan, pantun teu bisa kitu baé ditanggap.
Masarakat Sunda nganggap pantun téh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masarakat Sunda.
Pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu:
Nyadiakeun sasajén
Ngukus menyan
"Rajah Pamunah"
Carita ti bubuka nepi ka panutup, sarta
Ditutup ku "rajah pamungkas".
Pangarang Carita Pantun
AJIB ROSIDI
Badak Pamalang, Ciung Wanara
ATJENG TAMADIPUTRA
Mundinglaya di kusumah
AYAT ROHAEDI
Roman Sejarah