ANGKATAN MUDA SILIWANGI RAYON UJUNGBERUNG 001.23
PAKUSARAKAN !!!
AMS Rayon Ujungberung adalah merupakan Bagian dari Distrik Kota Bandung yang beralamat di Ujungberung Bandung dimana Rayon Ujungberung membawahi sub rayon Pasanggrahan, Pasirjati, Pasirwangi, Cigending, dan Pasirendah
Adapun kegiatan yang dilakukan selalu mengacu pada program bagaimana mempertahankan persatuan dan kesatuan bangsa dari disintegrasi bangsa .
Harapan untuk para kader AMS adalah Sumber Daya Manusia yang berkarakter, berdaya saing serta mempunyai jiwa bela negara yang kuat.
Adapun Situs ini dibuat adalah untuk sarana informasi bagi anggota dan sarana silaturahmi antar anggota bagi kemajuan AMS Rayon Ujungberung.
Semoga kehadiran Situs ini akan menambah kaya khasanah intelektual insan-insan AMS Rayon Ujungberung.
Hormat Kami,
Dewan Penasehat
PAKUSARAKAN !!!
Situs ieu didamel kanggo tempat dulur-dulur urang di Ujungberung keur nganyahoankeun tina sagala rupa ngeunaan Angkatan Muda Siliwangi.
Hareupan ieu Situs tiasa nambihan elmu kanggo dulur-dulur urang di sub rayon Pasanggrahan, Pasirjati, Pasirwangi, Cigending jeung Pasirendah pikeun urang silih paheuyeuk-heuyeuk leungeun dina nanjeurkeun AMS di Ujungberung.
Semangat para pajuang anu tos ngadirikeun AMS ti taun 1966 urang teraskeun dina denget ieu pikeun ngeusian kamerdekaan ku hal-hal anu hade dimana tujuan urang kabeh tetep memepertahankeun Indonesia salaku nagara urang.
Panutup kuring nyanggahkeun mung sakieu anu samentawis tiasa dipasihkeun informasina ka dulur-dulur, kritik sareng saran ti dulur-dulur diantos pisan mangga kantun ngaleubeutan dina alamat email : amsrayonujungberung@gmail.com
Ka dulur - dulur anu hoyong ngagabung dina ams tiasa ngahubungi sekretraiat AMS di tiap Rayon atanapi kacamatan masing-masing.
Para pamuda sareung pamudi Indonesia kuring umajak pikeun ngagedekeun Angkatan Muda Siliwangi anu tos aya ti tahun 1966 urang silih wawangikeun diantara dulur jeung jauhkeun tina sagala pacengkadan.
Hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun pikeun ngabangun nagara urang anu dipikacinta ngarah tetep jadi nagara Indonesia sautuhna jeung jauhkeun tina papaseaan anu ngabalukarkeun paburicayna kasatuan bangsa.
PAKUSARAKAN !!!