Sajak Lirik
Sajak Lirik nyaeta sajak anu eusina ngagambarkeun eusi hate nu ngarangna,atawa ngagambarkeun kaayan anu katempo jeung anu kadenge kunu ngarangnÂ
Sajak Epik nyaeta sajak anu eusina ngalalakonkeun hiji carita biasana anu sok ngalalakonkeun kapahlawanan
Unsur-unsur sajak
Jejer/tema,nyaeta pikiran poko pangarang anu ditembrakeun dina eusi sajak
Nada nyaeta ebrehan sikep pangarang dina ungkara kalimah sajak,umpamana bae nada anu sinis,gumbira,ketir jeung sabadana.
Rasa nyata getering batin anu hayang ditepikeun ku pangarang dina sajakna umpanana bae keuheul ,ambeuk,sedih,prihatin jeung sajabana.
Amanat,nyaeta maksud anu hayang ditepikeun ku panyajak kanu maca dina sajakna.
Padika Sajak:
Lenyepan,eusi dina sajak kudu kacangking maksud eusina
Wirahma,kudu pinter ngatur wirhma bacaan sajak
Vokal,sora anu kaluar waktu macakeun sajak kudu bentes tur jentre.
Rengkak jeung pasemon sangkan sajak anu dibacakeun ku urang leuwih karasana tagtu kudu bari sibarungku rengkak jeung gentur pasang peta.