PAGUNEMAN
Paguneman nyaeta omongan anu patempas tempas antara dua urang atawa leuwih,sok aya anu nyebut diobrolan atawa wangkongan
Tatakrama Basa
Salah sahiji ebrehan budaya sunda dina silih ajenan jeung sasama,nyaeta dina gunem catur sapopoe.-
Dina nyarita make tatakrama basa dina bahasa sunda dipasing-pasing jadi sababaraha tingkatan:
1. Basa Budak, kekcapan anu sok dipake ku barudak anu keur diajar nyarita,contona" Dede tong bobo do teras atuh"
2. Basa cohag,basa sunda anu kasar pisan,ilaharna kekecapanan sok dipake keur sato,contona" Saha anu resep sop cokor sapi".
3. Basa Loma,basa sunda kasar,kekecapanana sok dipake dina wangkongan jeung jalma sapantaranu geus loma..
Conto: Kunaon kamari maneh teu sakola wa?
4. Basa Sedeng,basa lemes anu larapna keur kadiri sorangansaumpana bae anu keur gunem catur jeung saluhureun.
Contona: Abdi mah dongkap karorompok teh tabuh 8 wengi.
5. Basa Lmes,basa hormat anu dilarapkeun kabatur.Contona "Bapa Kepala mah ti tadi ge tos mulih"