Untuk kelas 7 catat materi sajak, kelas 8 dan 9 kerjakan tugas 2. hatur nuhun
Pertemuan ka 1
Regepkeun video kawih diluhur
Pertemuan ka 2
Mikawanoh Rumpaka kawih Sunda
Rumpaka teh nyaeta puisi anu sok dilagukeun boh dikawihkeun boh ditembangkeun. rumpaka kawih sundamah tangtu bae dikawihkeun upama nilik kadinya, rumpaka kawih teh diwangun ku dua unsur, nyaeta rumpaka jeung kawih. rumpaka raket patalina jeung sastra (puisi) ari kawih raket patalina jeung karawaitan (seni musik). tah, dina pangajaran bahasa sundama leuwih museur kana unsur rumpakana anu kaasup kana kasusastraan nyaeta puisi. sanajan kitu, taya salahna upama urang oge bisa nglagukeun atawa ngawihkeun rumpaka anu keur dipedar dina pangajaran basa.
Upama nilik kana rumpaka lagu sunda buhun, umumna mangrupa sisindiran, nyaeta puisi anu diwangun ku cangkang jeung eusi. wangun sisindiran kapanggih dina rumpaka kawih sunda kiwari, saperti anu aya dina "bubuy bulan, sorban palid, cikapundung, jeung mitra. tengetan geura contona dina rumpaka lagu nu tadi