Untuk kelas 7 catat materi sajak, kelas 8 dan 9 kerjakan tugas 2. hatur nuhun
PAGUNEMAN
Dina pangajaran ayeuna hidep kudu bisa ngaregepkeun wacana paguneman kalawan hadé !
Hal-hal nu kudu dipigawé ku hidep dina ngaregepkeun nyaéta :
1. Sikep, kudu bener-bener daria sangkan eusi guneman kacangkem kalawan hadé;
2. Pikiran kudu museur kana paguneman;
Lamun hidep geus bisa ngalakukeun hal saperti di luhur, hidep bakal bisa nangtukeun topik paguneman, nyebutkeun bagian-bagian eusi paguneman, maksud paguneman, jeung bisa napsirkeun nu paguneman.
Basa nu digunakeun dina paguneman bisa dititénan tina palakuna. Paguneman antara guru jeung murid, basa nu digunakeunana basa lemes keur ka saluhureun jeung basa loma/lemes; paguneman jalma nu geus wawuh pisan, basa nu digunakeunnana basa loma; paguneman jalma nu anyar pinanggih, basana lemes; sedengkeun paguneman jalma nu keur ambek tangtu basa nu digunakeunana téh basa kasar.
Pék baca paguneman di handap kalawan hadé lentongna!
Di hiji kelas, Ibu guru mingpin diskusi ngeunaan tata krama.
Ibu Guru : “Acara ayeuna nyaéta ngabahas perkara tata krama waktu dahar. Lega pisan ambahanana mah. Urang watesan baé, nyaéta tata krama dahar dina korsi nyanghareupan méja makan.”
Ani : “Naon baé nu kedah diperhatoskeun waktos tuang sasarengan téh ?”
Ibu Guru : “Loba jeung rupa-rupa anu kudu diperhatikeun teh. Urang kudu nyaho saha-sahana anu kudu meunang panghormat teh.”
Dani : “Saha bae Bu nu kedah kenging panghormat teh? Upami teu lepat mah, anu sarumpingna teh seueur, tiasa langkung ti duaan atanapi tiluan?”
Ibu Guru : “Anu kudu meunang panghormat téh nyaéta anu sakira umurna leuwih kolot ti urang, atawa jalma sémah anu can pati wawuh. Carana urang ulah miheulaan diuk. Urang kudu ngamanggakeun calik éta tamu téh dina jajaran korsi anu disadiakeun.”
Yanti : “Upami badé prak tuang téh kedah ngadu’a heula atanapi henteu ? Kumaha ngadu’ana upami anu sarumping téh teu saagama?”
Ibu Guru : “Komo bae perelu ngadu’a mah. Carana mah nurutkeun urang Islam baé. Anu séjénna mah sina ngahaminan baé, atawa ngadu’ana luyu jeung agamana masing-masing.”
Genyas : “Dupi tata krama cara calik dina korsi bari mayunan méja kumaha, Bu ?”
Ibu Guru : “Kieu geura. Hidep diuk dina korsi téh kudu tartib, sopan jeung merenah. Tungtung korsi anu didiukan kudu rada nyodor saeutik handapeun meja, sikep badan kudu ajeg, dampal suku kana ubin, leungeun teu kudu sidakep, dina pangkuan baé. Lamun keur dahar, sabisa-bisa siku ulah naleukeum kana méja.”
Ani : “Saha Bu nu kedah pangpayunna tuang téh ?”
Ibu Guru : “Teu sopan paheula-heula dahar téh, malah ulah miheulaan dahar, lamun enggeus dimanggakeun kakara urang dahar.”
Yanti : “Kénging atanapi henteu ngobrol nuju tuang ?”
Ibu Guru : “Meunang, tapi kudu walatra, ulah diborong ku sorangan. Obrolanana kudu nu populér jeung pikagumbiraeun. Kurang hadé ngobrolkeun nu gering, anu maot, anu dioprasi, anu kacilakaan, jeung nu pikageuleuheun”
Dani : “Aya kabiasaan tuang teh tara diseepkeun, kumaha éta téh Bu ?”
Ibu Guru : “Sabisa-bisa dahareun anu dina piring teh kudu béak. Tapi peupeujeuh, ulah loba teuing nyokot dahareunana. Kira-kira baé, sacukupna.”
Genyas : “Dupi cara ngaleueut cai dina gelas aya tata kramana Bu?”
Ibu Guru : “Tangtu baé, ulah diregot sakaligus béak. Sesakeun caina saeutik. Sigana urang cukupkeun sakieu heula, engké urang tuluykeun deui.”