Wangenan Wawancara
Wawancara dina basa inggris disebutna interview, asal tina kecap inter (antara lolongrang) sareng view (paniten panempo). Nilik kana rucatan kecap kitu, wawancara téh bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung antara anu ngawawancara sareng nu diwawancara. Ku ayana kamekaran teknologi, wawancara gé bisa dilaksanakeun jarak jauh ngaliwatan média internét anu disebut video conference.
Padika Wawancara langkah
Nangtukeun topik wawancara.
Nangtukeun narasumber/réspondén.
Nyusun daftar patarosan (ngaregepkeun kalengkepan eusi 5W + 1H).
Ngalaksanakeun wawancara ku basa nu sopan, alus, jeung bener. (Jelaskeun heula identitas diri sareng tujuan wawancara)
Catet poko-poko informasi dumasar kana jawaban narasumber. .
Nulis laporan wawancara.
Struktur Wawancara
Bubuka
Bubuka dina wawancara gunana pikeun ngarahkeun naon-naon nu bakal dilakukeun dina wawancara. Bubuka téh perlu pikeun nyiptakeun hubungan abu hadé antara nu ngawawancara jeung narasumberna. Bubuka eusina téh nyaéta salam pamuka, wawanihan antara nu ngawawancara sareng anu diwawancara, sarta jejer anu diwawancarakeun.
Eusi
Bagian eusi téh mangrupa poko tina wawancara. Dina tahap ieu nu ngawawancara sareng narasumber silih pairan sareng méré tanggapan, nanya jeung ngajawab. Nu ngawawancara ngajawab pananya, ari nu diwawancara ngajawab pananya.
Pamungkas
Dina panutup wawancara, ieu tahap téh mangrupa kagiatan nyindekeun sanggeus wawancarana atos direkam atawa diringkes eusi poko-pokona, tuluy ngucapkeun nuhun kana waktu nu geus disadiakeun ku narasumber, salam penutup, sareng omongan pamitan.
Tatakrama
Tatakrama basa raket patalina jeung ragam basa nu dipaké ku panyatur, pamiarsa, jeung nu dicaritakeun saluyu jeung konteks situasi. Tatakrama basa, sok disebut ogé undak usuk basa, ébréh tina opat hal, nyaéta (1) lisan atawa kecap, (2) pasemon, (3) réngkak jeung peta, sarta (4) lentong.
Tatakrama paripolah (penampilan) patali jeung sababaraha hal, di antarana waé, (1) cara dangdan, (2) miara kaséhatan jeung kageulisan, (3) cara diuk, (4) cara leumpang, (5) cara dahar jeung nginum, sarta (6) cara unggeuk jeung gogodeg.
Tatakrama gaul patali jeung hubungan diri pribadi jeung papada manusa dina hirup ngamasarakat, di antarana waé, (1) cara wawanohan, (2) cara nyémah, (3) cara nyarita, (4) cara seuri, (5) cara ngalongok jeung ngalayad, (6) cara nelepon, (7) cara nyuguhan, (8) cara datang ka nu hajat, (9) cara kahampangan jeung miceun, (10), cara heuay, nyingsring, sisidueun, beresin, sarta (11) cara ibadah.