Asal Usul Sajak
Sajak téh mangrupa karya anu asalna tina sastra deungeun, nyaéta pangaruh tina sastra Eropa. Eta karya téh asup tur jadi banda sasta Sunda téh ti mimiti kira-kira taun 1946. Pangarang munggaran nu ka koncara harita nyaéta Kiswa Wiriasamita (KIS WS), nu diterbitkeun dina koran Sipatahoenan.
Wangenan Sajak
Sajak nyaéta salasahiji karya sasta Sunda nu diréka dengan dina bangun basa ugeran (puisi). Sanajan ditulis dina wangun ugeran, tétéla sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada saperti dina pupuh atawa sisindiran.
Ciri-Ciri Sajak
Ngabogaan diksi
Ayana imajinasi atawa daya bayang
Ayana kekecapan nu nyata
Ayana majas atawa ma'na kiasan
Ayana wirahma (naék turun, panjang pondokna nu maca) atawa purwakanti (saruana sora ditungtung kecap).
Unsur Lahiriah Sajak (fisik)
Wangun sajak (tipografi), sajak téh ditulisna béda-béda, aya nu sapada, dua pada, jeung saterusna, bébas kumaha panyajakna.
Pilihan kecap (diksi), biasana dina sajak sok kapanggih kecap-kecap anu geus langka dipaké (arhaik), tuluy dipaké nuliskeun sajak.
Citraan (Imaji) nyaéta gambaran anu karasa, kadéngé, atawa katénjo dina sajak.
Gaya basa (figuratif) nyaéta gaya pangarang dina ngolah basa pikeun sajakna, bisa ngabalukarkeun ayana harti konotatif.
Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah
Unsur Batiniah Sajak (teu katembong langsung)
Jejer (sense) atawa téma nyaéta poko pikiran nu aya dina sajak, anu rék ditepikeun ku panyajak ka nu maca.
Rasa (feeling) nyaéta sikeup jeung perasaan panyajak patali jeung téma.
Wirahma (tone) atawa nada nyaéta ngagambarkeun sikep panyajak luyu jeung tujuan sajak.
Amanat (intention) nyaéta pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak.
Wanda Sajak
Sajak Epik, sajak anu sipatna ngadadarkeun hiji carita atawa kajadian, ngawangun carita kapahlawanan.
Sajak Lirik, sajak anu ngagambarkeun rasa panyajakna tur sipatna leuwih subjéktif.
Sajak Naratif, sajak anu ngagambarkeun kapahlawanan atawa kasangsaraan hirup nu karakter palakuna basajan.
Sajak Dramatik, sajak anu objektif ngagambarkeun paripolah hiji jalma, boh ku wanda lakon, boh ku wanda dialog, boh ku wanda monolog, nepi ka katangen ayana gambaran kisah nu tangtu.
Sajak Didaktis, sajak anu eusina sacara umum mipikaboga ajena-ajen atikan tur jelas katiten dina basana.
Sajak Satir, sajak anu ngandung sindiran atawa kritik kana ka teu adilan jeung ka teu beresan nu aya di masarakat.
Sajak Romansa, sajak eusina ngeunaan carita atawa ekspresi cinta hiji jalma ka jalma nu dipikaasihna.
Sajak Elegi, sajak kasedih ti panyajak ka nu ditujulna dina sajakna.
Sajak Odé, sajak anu eusina puja-puji ti panyajak ka hiji jalma atawa hal-hal nu ditujulna.
Sajak Himne, sajak anu eusina mangrupakeun puja-pujian ka Gusti atawa ekspresi mikacinta kana lemah cai, sareng lain sajabana.
"GURU"
Guru..
luhung elmu jembar pangabisa
mikanyaah kalayan deudeuh
kanu janten murid
Teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan
babagi elmu ka sasama
Duh gusti ..
panjangkeun yuswana tur barokah
mugia kersa maparin kabagjaan kanu janten guru
supaya teras aya dina rahmatna gusti
Hatur nuhun guru,
kanggo sagala pangaweruhna
jasa anjeun moal kungsi luntur
anjeun sapertos bentang pikeun abdi