Wangenan Kawih
Kawih nyaéta rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh; mangrupa sekar anu kauger ku embat atawa témpo kalawan rumpaka atawa sair nu tangtu. Kawih téh jadi bagian tina kabeungharan seni Sunda. Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Kawih biasana dipirig ku gamelan, disusun ku ahli husus nu disebut panyanggi, sok dihaleuangkeun ku sindén atawa jurusekar.
Jenis Kawih
kawih tangtung
kawih panjang
kawih lalangunan
kawih bongbongkaso
kawih parerane
kawih sisindiran
kawih bwatuha
kawih babatranan
kawih porod eurih
kawih sasambatan
kawih igel-igelan
Wangenan Rumpaka Kawih
Rumpaka dina kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda ajén sastra. Umumna ditulis dina wangun puisi sisindiran atawa puisi bébas. Ku kituna, rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda unsur-unsur puisi. Upamana waé diwangun ku bait (pada), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, jeung kekecapan (diksi) anu dipakéna pinilih pisan. Kitu deui bisa dipaluruh naon témana, kumaha nadana, amanatna, jeung naon nu dicaritakeunana.
Bedana Kawih sareng Kakawihan
Kawih : tiasa dihaleuangkeun di mana wae jeung iraha wae.
Conto : es lilin , bubuy bulan, mojang priangan
Kakawihan : dihaleuangkeunana teh dina kaulinan barudak. anu Sok dilagukeun ku barudak bari arulin.
Contona : cingciripit, hompimpah, oray-orayan
Jejer : budaya basa sunda
Perasaan/suasana panulis : sumanget sareung bungah
Suasana nada : nada riang
Amanat : urang kudu ngajaga sareung ngalestarikeun budaya basa sunda
Jejer : sajarah Prabu Siliwangi
Perasaan/suasana panulis : sedih sareung sendu
Suasana nada : nada syahdu
Amanat : kawih sancang nyaritakeun Prabu Siliwangi anu diudag ku Prabu Kian Santang pikeun ngajak asup Islam