Harti dongeng
Dongeng teh nyaeta carita rekaan atanapi khayalan dina wangun basa lancaran atanapi prosa.
Ciri-ciri dongeng
Ciri-ciri dongeng teh, diantarana sumebarna sacara lisan, teu kanyahoan saha nu ngarangna (anonim), ngagunakeun basa lancaran, eusi caritana mangrupa rékaan malah réa anu pamohalan, jeung ukuranana ilaharna pondok.
Unsur carita dina dongeng
Jejer (téma) : nyaéta idé, gagasan, atawa jejer pikiran anu ngajiwaan carita. Upamana dongéng "Sasakala Tangkuban Parahu" témana téh perkara moral.
Latar (sétting) : nyaéta patempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita.
Palaku (tokoh) : nyaéta naon-naon (bisa jalma, sasatoan, tutuwuhan, atawa bangsa jin jeung siluman) anu ngalalakon tur dilalakonkeun dina carita.
Galur (alur) : nyaéta runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur.
Amanat (pesan) : nyaéta rupaning hal atawa perkara nu rék ditepikeun ku pangarang dina karyana.
Papasingan Dongeng
Fabel atawa dongéng sasatoan : nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa. Contona dongéng "Gajah jeung Sireum".
Parabel atawa dongéng jalma biasa : nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepanen. Contona dongéng "Si Kabayan Ngadeupaan Lincar".
Légenda atawa dongéng sasakala : nyaéta dongéng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat. barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Contona dongéng "Sasakala Tangkuban Parahu".
Sagé atawa dongéng babad : nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah. Contona dongéng "Sangiang Borosngora".
Mite atawa dongéng kapercayaan : nyaéta dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib. Contona dongéng "Nyi Roro Kidul".
Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet Ngala Nangka
Komentaran : Waktu nyaritakeun dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet, lafalna alus lantaran bentesna sorana atos alus. Lentongna oge waktu ngadongeng teh geus alus, lantaran luhur handapna sora geus bener.
Eusi dongeng : Dongeng sakadang kuya jeung sakadang monyet kaasup kana dongeng fabel, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa. Eusi dongeng sakadang kuya jeung sakadang monyet nyaritakeun ngeunaan kasarakahan sakadang monyet. Kasarakahan monyet teh tiasa dielehkeun ku sakadang kuya anu pinter.
Dongeng Si Kabayan Ngala Tutut
Komentaran : Lafal jeung lentong waktu nyaritakeun dongeng Si Kabayan Ngala Tutut teh atos alus. Sarta aya paroman jeung gerak gerik anu sesuai dina waktu ngadongeng.
Eusi dongeng : Dongeng si Kabayan kaasup kana dongeng parabel, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepanen. Eusi dongeng si Kabayan nyaritakeun ngeunaan si Kabayan anu bodo tapi pinter sareung kalakuan si Kabayan anu pikaseurieun.
Unsur Intrinsik Dongeng :
Jejer (tema) : kamanusaan
Latar (setting) : Tempat : imah jeung sawah
Suasana : pikasebeuleun, pikaseurieun
Waktu : beurang
Palaku (tokoh) : Kabayan : nurut jeung bodo
Nyi Iteung : babari ambeuk
Galur (alur) : Galur maju
Amanat : Sabaraha seueur kasempetan anu anjeun tingali, moal aya anu tiasa dicekel upami anjeun sieun nyobian ku lengkah anu leres.
Sampurasun!
Rerencangan sadayana, di palih kenca ieu video simkuring ngadongeng ngeunaan hiji dongeng anu judulna :
"Si Kabayan Ngala Tutut"
Wilujeng nyakseni!