PROSA FIKSI
A. Ciri-Ciri Prosa Fiksi
Prosa nyaéta wanda basa karangan anu rakitanana cara basa sapopoé, tanpa ngolah wirahma atawa ngatur intonasi anu matok, jsté. Karangan prosa dina wangun karya sastra disebutna prosa fiksi (Iskandarwassid, 2017: 172).
Prosa fiksi mangrupa carita anu dicangking ku palaku nu tangtu sarta tahapan jeung runtuyan caritana dumasar kana wangwangan pangarangna nepi ka kawangunna carita. Karangan prosa fiksi ngandung sababaraha unsur, diantarana: pangarang (narator), eusi ciciptan, média kedaling eusi nu mangrupa basa, jeung struktur prosa fiksi. Satuluyna carita dina prosa fiksi digambarkeun ku pangarang ngaliwatan eusi ciciptan, dialog atawa monolog, jeung paripolah palakuna. (Aminuddin, 2002: 66). Prosa fiksi Sunda ngabogaan sababaraha wanda,diantarana, carita pondok, novél, jeung dongéng. Carita pondok jeung novél kaasup prosa fiksi modéren, ari dongéng kaasup prosa fiksi buhun.
B. Wanda Prosa Fiksi
Carpon Jeung novél sarua pada-pada kagolong kana prosa fiksi. Bédana utamana mah lebah ukuranana, carpon ngabogaan ukuran anu pondok, ari novél ngabogaan ukuran anu panjang. Panjang pondokna ukuran carpon jeung novél gedé pangaruhna kana struktur caritana. Jaba ti carpon jeung novél, minangka panambah ditepikeun ogé wanda fiksi mini atawa fikmin.
1. Carita Pondok (Carpon)
Carpon téh singgetan tina carita pondok. Sakapeung sok aya nu nyebut tadok. Istilah carpon dina sastra Sunda sarua hartina jeung short story dina inggris atawa cerpén (cerita péndék) dina sastra Indonésia. Carpon teh karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok. Ukuran pondok di dieu biasana dicirian ku jumlah kecapna ukur 5.000-7.000 karakter, mun diketik dina kertas A4 mah jumlahna antara 4-7 kaca. Mémang aya dua rupa carpon, nyaéta carpon anu pondok (short short story) aya carpon anu panjang (long short story). Eusina biasana teu leupas tina ajén atikan jeung moral atawa karakter pikeun pleunteungeun atawa tuladeun nu maca. Ku lantaran kitu najan carpon teh sipatna fiksi (fiktif), tapi tetep jalan caritana kudu nyindekel kana kahirupan sapopoe anu kaharti ku akal, henteu pamohalan saperti dongeng. Bisa dicindekken yen carpon teh mibanda sawatara ciri, diantarana:
1. Wangun karanganana pondok.
2. Sifat caritana naratif jeung fiktif.
3. Eusina kaharti ku akal atawa realistis.
4. Biasana nyaritakeun hiji kajadian henteu kompleks. saperti carita dina novel
5. Jumlah tokohna kawatesanan, henteu rêa kawas dina novel.
6. Jeung eusi caritana numuwuhkeun sikep anu positif ka nu maca leubeut atawa mundel ku ajen atikan, moral, jeung karakter pikeun pieunteungan atawa tuladeun nu maca.
Carpon mimiti sumebar dina sastra Sunda basa aya carpon anu dimuat dina majalah Parahlangan, taun 1920. Dina taun 1930, medal buku kumpulan carpon munggaran, nu judulna Dogdog Pangrewong karya G,S. Aya deui buku kumpulan carpon para pangarang anu dikumpulkeun dina buku saperti Petingan dikumpulkeun ku Duduh Durahman, Sawidak Carita Pondok anudikumpulkeun ku Duduh Durahman, Abdullah Mustappa, jeung Karno Kartadlibrata, tur Kanagan nu dikumpulkeun ku Duduh Durahman Jeung Tatang Sumarsono.
2. Novel
Novel teh sok disebut ogé roman. Novel asalna tina basa latin, novus (anyar), robah Jadi kecap novéllus, terus robah deut jadl novel. Ari novél téh nyaéta prosa rékaan (fiksi) panjang dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompléks). Novél mah biasana tokohna loba, alurna panjang, latarna laluasa, tur eusi caritana nyaritakeun kahlrupan sapopoé. Langka novél nu eusina unsur pamohalan saperti dongéng. Novel pangheulana nu medal dina sastra Sunda judulna Baruang ka nu Ngarora karya D.K. Ardiwinata (1914). Mémeh medal novel dina sastra Sunda mah lolabana pangarang teh ngarang dangding jeung wawacan, Ti saprak wanoh kana wangun novel pangarang teh jadi loba nu ngarang novel. Ti taun 2000-an nepi ka ayeuna, loba pisan novél nu medal karya pangarang Sunda. Téma caritana gé béda- béda, luyu jeung kaayaan sosial dina waktu ditulisna. Kamekaran novél Sunda ébréh tina rupa-rupa novél anu kungsi medal. Aya sawatara novél Sunda katut pangarangna. Sapertos:
- Aam Amilla: Puputon, Buron, Samagaha, Asmara Ngambah Sagara, Lalangsé, Kalajengking (Aam Amilia sok maké sandiasma Anna Mustikaati).
- Abdullah Mustappa: Mikung, Lembur Singkur.
- Adang S.: Ngepung Kahar Muzakar, Juragan Kabayan Budak Calakan, Néangan Bapa, Dang Umar ti Situraja.
- Ahmad Bakri: Nu Sengit Dipulang Asih, Payung Butut Juragan Batik, Rajapati di Pananjung, Mayit dina Dahan Jéngkol, Kabandang ku Kuda Lumping, Srangéngé Surup Mantén, Sanghiang Lutung Kasarung, Asmaramurka jeung Bédog Si Rajapati.
- D. K. Ardiwinata: Baruang ka nu Ngarora.
- Tatang Sumarsono: Demung Janggala, Miang jeung Kaludeung.
- Usép Romli H. M.: Béntang Pasantrén.
- Yoséph Iskandar: Rini, Perang Bubat, Tanjeur di Juritan Jaya di Buana, Putri Subanglarang.
- Yus Rusyamsi: Randa Béngsrat, Dédéh, Wilujeng Énjing.
- Chyé Rétty Isnéndés: Handeuleum 'na Haté Beureum, Jamparing. Jeung sajabana.
C. Struktur Prosa Fiksi
Struktur prosa fiksi nyoko kana unsur unsur carita anu ngawengku tema,fakta carita (palaku, latar, galur), jeung sarana sastra (judul, peuseur sawangan, sarta gaya bebas).
1. Tema
Tema nyoko kana hal atawa gagasan anu di tepikeun ku pangarang dina karyana. Hartina, tema ngawengku hal hal anu di tepikeun kh pangarang keur nu maca.
Tema teh sok di patalikeun kana amanat. Amanat nyarta gagasan anu ngadadasaran kana carita atawa pesen anu hayang di tepi keun ku pangarang ka nu macana. Biasanamah nuduhken ajaran motal atawa etika hade goreng anu bisa di tarima ku balarea,pangpangna perkara kalakuan, sikep, akhlak, pikiran, ideologi, kasusilaan, jeung tatakrama paripolah manusa dina umumna.
2. Palaku
Palaku nyoko kana tokoh anu di ngalalakon atawa anu dilalakonkrun dina carita. Tokoh tokoh dina carpon jeung novel umumna mibanda watek atawa karakter sakumaha kahirupan manusa biasa aya nu sabar, barangsang, bageur, babarian, jujur, tukang linyok bohong, jste.
3. Latar
Latar atawa setting nyoko kana waktu jeung tempat lumangsunga kajadian dina carita. Latar tempat umumna bisa di kota, desa, atawa di sakola. Ai latar waktu, biasa dicirian ku jam, tanggal, taun, beurang, atawa peuting.
4. Galur
Galur atawa plot nyoko kana jalanna carita atawa runtuyan kejadian dina carita. Galur dina carpon jeung novel aya nu merele (maju), mundur, jeung oge anu bobok tengah (flashback). Galur umumna diwangunan ku sababaraha unsur, nyaeta:
a. Manggalasastra
b. Muncul Konflik
c. Klimaks
d. Antiklimaks
e. Pungkasan carita
5. Puseur Sawangan
Puseur sawangan atawa point of view nyoko kana cara atawa sawangan nu dipake ku pangarang minangka sarana pikeun midangkeun tokoh, tindakan, latar, jeung paristiwa nu ngawangun carita dina carpon.
a. Puseur sawangan jalma kahiji "kuring"
b. Puseur sawangan jalma katilu "manehna"
c. Puseur sawangan campuran,anu sakapeung make jalma kahiji sakapeung make jalma katilu.
6. Gaya Basa
Gaya basa nyaeta rakitan basa anu disusun sangkan nimbulken pangaruh (efek) anu leleb karasana ka nu maca atawa ngaeregeupken. Aya rupa² gaya basa:
1.Gaya Basa Metafora
=ngabandingken hiji barang jeng barang sejen.
2.Gaya Basa Mijalma (personifikasi)
= ngabandingken barang paeh jeng jalma.
Conto: "Meureun Apa moal kengengeun teuing saperti ngawitan"
Gundukan kecap "saperti ngawitan" nuduhken gaya basa ngupamaken (simile). Nyaeta gaya basa nu ngabandingken dua hal make kecap babandingan.
contona : Saperti, kawas, lir, jeung ibarat.
CARITA PONDOK
A. Wangenan
Carita pondok asal katana nyaéta carita jeung pondok. Carita nyaéta runtuyan kecap tina sagala hal (topik) nu diungkapkeun ku saurang panulis/pangarang. Sedangkeun pondok nyaeta singget tapi jelas tur jentre. Eusi dina carita pondok nyaéta kudu aya:
1. Bubuka
2. Konflik
- Klimaks - Antiklimaks
3. Penyelesaian.
Jadi, Carita pondok teh nyaeta sakabeh hal nu dijieun ku pangarang sacara singget tapi jelas tur jentre.
B. Unsur-unsur Carpon
1. Unsur Intrinsik (dina jero carita)
a. Tema (gagasan utama atawa ide pokok)
b. Judul
c. Galur/alur
- Maju - Mundur - Campuran
d. Latar
- Tempat - Waktu - Suasana
e. Palaku (tokoh)
- Palaku Utama
- Figuran atawa pendamping
f. Penokohan (karakter/sifat)
- Antagonis (Jahat)
- Protagonis (Baik)
- Tritagonis (Netral)
g. Pesan Moral (amanat)
2. Unsur Ekstrinsik (diluar carita)
a. Latar Belakang Penulis
b. Nilai nilai
- Budaya - Sosial
- Ekonomi - Politik
c. Sudut Pandang
- Saya - Dia - Mereka
C. Ciri ciri Carpon
1. Pondok
Jumlah kecap na 5.000 - 7.000 atawa 10.000 kecap
2. Wangunna karangan (bentuk naratif)
3. Aya fiksi
4. Tokohna teu loba
5. Latarna teu kamana mana