Kadaharan has mangrupa kadaharan anu asalna atawa ciri has tina hiji daérah. Bisa jadi ciri has sotéh bisa ku sabab bahanna ngan aya di daérah éta, atawa memang urang bisa manggihan éta kadaharan di hiji daérah nu geus tangtu. Dina ieu bab, hidep baris diajar ngeunaan conto kadaharan has katut istilah dina kadaharan, sarta materi panambah nyaéta ngabédakeun é, e, jeung eu.