Kang/Ceu, Bade naros perkawis Damas, Tiasa?
DAMAS, singkatan tina Daya Mahasiswa Sunda, diadegkeun dina ping 14 Oktober 1956 di Bandung.
DAMAS nyaeta organisasi kemasyarakatan pemuda (OKP) anu ngabogaan basis perjuangan kasundaan (nangtung dina kapribadian Sunda). Sanajan salaku organisasi kasundaan, kagiatan Damas teu diwatesan ku kagiatan kabudayaan.
Nyaritakeun masalah kasundaan paling henteu nyaritakeun masarakat, lingkungan jeung budaya (ajen-ajen, seni jeung simbol-simbol budaya) Sunda, ku sabab kitu aweuhan kagiatan Damas kudu nyoko kana pasoalan masyarakat (SDM), lingkungan jeung budaya atawa leuwih jentre kudu nyoko kana pasoalan sosial, ekonomi, politik, hukum, pendidikan jeung budaya.
"Ngangkat Harkat Darajat Ki Sunda Pikeun Kajembaran Indonesia"
Damas mangrupakeun OKP, sacara resmi Damas geus bernaung di KNPI kalayan Pangurus Puseurna di KNPI Jawa Barat. Salaku organisasi kamasarakatan, Damas ngabogaan prinsip moal ngantep kana kawijakan-kawijakan politik atawa aliran anu ngarugikeun masarakat, hususna masarakat Sunda, umumna rahayat Indonesia.
Sacara histori, dina awal ngadeg, Damas can ngagunakeun istilah Pangurus Puseur jeung Pangurus Cabang.
Hal ieu alatan dina kurun waktu taun 1956 nepi ka 1965, Damas ngan aya di Bandung. Hartina, Anggota jeung Pangurus masih kawatesan di kota Bandung.
Dumasar kana pamenta ti mahasiswa-mahasiswa ti Tasikmalaya, taun 1965 diadegkeun Damas Tasikmalaya. Saterusna dina taun 1969 mimiti ditaratas ngadegkeun Damas di kabupaten jeung kota (kodya dina waktu harita) lianna, di antawisna kabentuk Damas Garut jeung Damas Jakarta.
Saenggeus kabentuk Damas di sababaraha daerah kasebut, pikeun ngagampangkeun dina koordinasi kukituna struktur orgganisasi Damas diwangun jadi Pangurus Puseur (PP) jeung Pangurus Cabang.
Pangurus Cabang nyaeta pangurus Damas di tingkat kota atawa kabupaten. Sedengkeun Pangurus Puseur nyaeta pangurus Damas di tingkat puseur anu ngoordinir cabang-cabang Damas nu aya.
Alamat Daya Mahasiswa Sunda Kota Bandung
Kagiatan Kabudayaan DAMAS
Kagiatan Kamasyarakatan DAMAS
Kagiatan Kaderisasi DAMAS
Alm. Kang Ibing
Wwanohan sareng Tokoh-Tokoh DAMAS!
"DAMAS téh leuwi asih, tempat kuring teuteuleuman icikibung ngojayan mangsa rumaja.
DAMAS téh taman katresnan, tempat kuring nebarkeun bibit asih ngadagoan mangkakna kembang harepan.
DAMAS téh tali kacapi ati nu mantengkeun rasa kaheman, kanyaah awaking ka sarakan, asih kuring ka manéhna.
Di DAMAS lagu hirup papasangan, mipit seuri mun ti peuting, mulas beurang ku kawaas. Suka jeung duka silih baganti ngeusian ringkang haleuang."
- Kang Ibing
Tokoh Kabudayaan DAMAS
Tokoh Kemasyarakatan DAMAS
Dijieun Ku : DAMAS Cabang Kota Bandung