Dongeng nyaéta carita rekaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan. nyaeta tatalėpa ti hiji jalma ka jalma sėjėnna. ku kituna. pangarangna tara ieuh kanyahoan, malah ti iraha mimiti sumebarna ogė tara kapaluruh, hėsė diteangan laratanana, alatan ukur dicaritakeun ti hiji riungan ka riungan sejenna. ukuran carita dongeng ilaharna parondok, méh sarua jeung carpon.
a. Dongeng sasatoan (fabel)
Dongeng sasatoan nyaeta dongeng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeng ngagunakeun akan pikiran. Contona dongeng sakadang kuya jeng sakadang monyet.
b. Dongeng sasakala (legenda)
Dongeng sasakala atawa legenda nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat, arang sasatoan awata tutuwuhan. Dongeng sasakala mangrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balarea dianggap mibanda dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik sagolongan masarakat.
Papasingan Legenda :
-Legenda Agama nyaeta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama Legenda nu geus dikumpulkeun di antarana: Syeh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syeh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat
-Legenda Alam gaib nyaeta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mahluk-mahluk nu gaib.
-Legenda tokah jalma nyaeta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.
-Legenda tempat atawa legenda wewengkon nyaeta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya.
c. Dongeng sage (babad)
Dongeng Sage nyaeta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa nu legendaris jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun di masarakat jeung dina sajarahna. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Seh Abdul Muhyi,jsb
d. Dongeng kahirupan jalma biasa (parabel)
Dongeng parabel nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun jalma biasa. Contona dongeng “Si Kabayan Ngala Nangka”.
e. Dongeng mite
Dongeng para mite nyaeta dongeng anu eusina patali jeng kapercayaan masyarakat. Contona Dongeng Dewi Sri, Dongeng Nyi Roro Kidul, Dongeng Munjung, Dongeng Maung Kajajaden, jeung Dongeng Ngipri. Dongeng pieunteungeun
f. Dongeng pieunteungeun
nyaeta dongeng anu eusina mangrupakeun tuladan pikeun manusa.Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok
g. Dongeng pamuk
Dongeng pamuk nyaeat dongeng anu nyaritakeun kagagahan hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Contona carita Prabu Siliwangi jeung Weasan Aki Sayang Hawu
-Tema
tema nyaeta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongeng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadengekeun dongeng.
-Galur (plot)
Galur (plot) osok disebut oge jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nyaeta galur merele, galur mabok tengah, jeung galur campuran.
-Tokoh Carita (palaku)
Tokoh carita (palaku) nyaeta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.Tokoh dibagi jadi tilu rupa, protagonis nyaeta anu jadi tokoh utama, antagonis nyaeta anu jadi tokoh penentang atawa lawanna tokoh utama, jeung tritagonis nyaeta anu jadi Penengah antara tokoh utama jeung tokoh lawan. Palaku oge boga pasipatan atawa watek sewang sewangan, naha sabar, gede ambek, bageur, atawa angkara murka.
-Latar (setting)
Latar atawa setting nyaeta panempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita
-Amanat
Amanat nyaeta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca.Umumna amanat dina dongeng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus rengse maca atawa ngadengekeun hiji carita nu sagemblengna.
-Sudut Pandang
nyaeta hiji cara mandang dina ngahadirkeun tokoh-tokoh nu aya dina dongeng ku nempatkan posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun.
-Gaya Bahasa
nyaeta hiji teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku pangarang dina raraga ngahasilkeun dongeng anu hirup jeung endah.
nyaeta unsur-unsur ti luar anu mangaruhan kana eusi carita nu aya dina hiji dongeng. Unsur ekstrinsik nu mangaruhan eusi carita nu aya dina dongeng nyaeta saperti nilai budaya, sosial, politik, adat istiadat, jeung agama.
a. Caritana pondok
b. Aya bagian anu pamohalan.
c. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
d. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
e. Sanajan dongeng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
f. Sipatna pralogis, nyaeta mibanda logika anu beda jeung logika umum.
g. Sipatna tradisional, nyaeta sumebarna turun-tumurun.
h. Pola ngadongeng sok angger.
a. Rekreatif (hiburan)
-Salaku pungsi rekreatif, dongeng mere pintonan visual dina uteuk pangregep boh sacara sadar atawa tan disadaran digambarkeun sorangan ku si pangregep nu ngabalukarkeun munculna rasa atawa kaayaan anteng (asyik) tur panglipur di diri si pangregep nalika ngambah dunya ciciptan/imajinasi dongeng. Pikiran jeung rasa si pangregep museur napakan kajadian dina eta dongeng, nepika kagambar atra yen si pagregep saperti enya-enya aya atawa ningali kana eta gambaran carita.
b. Edukatif (atikan)
-Salaku pungsi edukatif, dongeng bisa dipake sarana pangajaran karakter. Ajen moral dina dongeng dijadikeun sarana ngawanohkeun pangaweruh bebeneran hirup, ngahudang jeung numuwuhkeun sikep tur pamadegan sarta ajen diri hiji jalma, sarta ngawanohkeun sikep-sikep atawa kalakuan anu teu luyu jeung norma-norma nu bener.
Informatif (pangaweruh)
-Salaku pungsi informatif di antarana dongeng bisa ngaronjatkeun pangaweruh kandag kecap, kalimah, babasan, paribasa, ungkara, mamanis basa, sajarah, budaya (boh budaya sorangan atawa sekeseler sejenna), daerah, tur lian-lianna ka hiji jalma. Nalika manggihan hal-hal anu kurang kaharti atawa kurang dipikanyaho, dongeng ngahudang karep si pangregep pikeun nanyakeun atawa neangan sorangan jawaban tina eta perkara.
LUTUNG KASARUNG
Dina jaman kapungkur, di tatar pasundan aya hiji karajaan anu di pimpin ku saurang raja anu wijaksana, namina nyaeta Prabu Tapak Agung. Prabu Tapak Agung ngagaduhan dua anak awewe anu geulis, namina Purbararang sarta adi na Purbasari.Dina wanci ngadeukeutan ahir hayatnya, raja Prabu Tapak Agung nunjuk Purbasari, putri bungsu na pikeun nga gentosan jabatana. “Abdi atos sepuh teuing, waktuna abdi turun tahta.” Ceuk raja Prabu.
Lamun, dilain sisi Purbararang, nu mangrupakeun kakana purbasari manehna henteu satuju adina diangkat ngagantikeun Bapana. “Abdi putri anu kedah bapa pilih, kuduna abdi anu ngagantikeuna.” ceuk Purbararang naroskeun ka tunangan na, nu namina Indrajaya.
Ku sabab sirik, purbararang teras ngagaduhan niat jore ka purbasari. Manehna manggihan saurang nini sihir kanggo nyilakakeun Purbasari. Nini sihir eta nyieun Purbasari kulitna barobah jadi kaayaan totol-totol hideung.
Saentos kitu, Purbararang janten gaduh alesan kanggo ngusir kakana. “Jalma anu dikutuk sepertos maneh, henteu pantes jadi saurang Ratu !” Ceuk Purbararang.
Saterusna, manehna nitah saurang Patih kanggo ngasingkeun Purbasari ka hiji leuweung. Satepina di leuweung, patih eta ngarasa karunyaeun ka purbasari, sarta anjeuna mangnyieun keun hiji pondok kanggo Purbasari.
Anjeuna oge masihan nasehat ka Purbasari,“Sing Tabah Tuan Putri. Cocobi ieu tangtos pasti lekasan, Anu Maha Kawasa sareng Putri”. “Hatur nuhun.” Bales Purbasari.
Salila di leuweung, purbasari ngagaduhan seueur rerencangan nu mangrupakeun sasatoan anu balalager ka manehna. Diantara sasatoan, aya hiji monyet anu buluan hideung nu misterius namina nyeta lutung kasarung.
Nanging, monyet eta anu manawi paling perhatian ka Purbasari. Lutung kasarung terus ngahibur Purbasari, masihan kekembangan anu endah sarta buah-buahan.
Dina wanci onggal wengi, di bulan purnama. Lutung Kasarung mapah ka tempat anu sepi teras anjeuna ngalakukeun semedi. Manehna menta hiji hal ka Dewata. Ieu ngabuktikeun yen Lutung Kasarung teh sanes makhluk biasa.
Dina semedi eta, taneuh nu aya di dekeut Lutung kasarung barobah jadi hiji telaga alit, cai na herang kacidaan. Cai na ngandung ubar anu seungit pisan.
Enjing poena, Lutung Kasarung manggihan Purbasari sarta nitah purbasari ibak di telaga eta. “Naon mangpaatna pikeun abdi?” Pikir Purbasari.
Nangging, anjeuna nurutkeun wae. Teu lami sanggeus manehna nyeburkeun awakna. Kulitna barobah jadi bersih sarta geulis sepertos harita deui. Purbasari rewas pisan dicampur ku hawa atoh sabot manehna ngaca ditelaga eta, kulitna bisa mulus deui.
Dina wartos lain di karajaan, Purbararang mutuskeun bade ningali kakana nu aya di leuweung. Manehna mangkat sareng tunangana indrajaya sarta para pangawalna.
Satepina di hutan, purbararang manggihan adinya si purbasari. Purbararang teu percaya ningali adina tiasa jadi geulis deui kos harita.
Purbararang embungen eleh, teras anjeuna ngajak Purbasari nitah ngadu papanjang-panjang buuk. “Saha anu paling panjang buukna, manehna anu menang!” Saur Purbararang.
Mimitina Purbasari alimeun, nanging purbararang teras-terasan ngadesek. Nah pas ditingali, buuk Purbasari malah nu lewih panjang ti purbararang.
“Kajeun ayena abdi eleh, nanging ayeuna hayu urang paganteng-ganteng tunangan, tah ieu tunangan abdi”, saur Purbararang sabari nyampeurkeun ka Indrajaya. Purbasari mimitina gelisah da lantaran kabingungan.
Ahirna, purbasari narik panangan Lutung Kasarung. Lutung Kasarung ajol-ajolan kawas mangmenangkeun Purbasari. Purbararang seuri nyalakatak ngabahak-bahak. “Jadi monyet eta tunangan maneh?” Saur purbararang.
Dina wanci eta oge, Lutung Kasarung teras geura semedi sakedap, sarta lumangsung barobah jadi lalaki anu ganteng kacidaan, lewih-lewih ganteng ti Indrajaya.
Sadaya nu aya didinya rewasen ningali kajadian eta. Purbararang ahirna ngaku kaelehan nana, sarta menta maaf pikeun kalepatan salila ieu ka purbasari.
Manehna menta dihampurakeun sagala kasalahan nana ka purbasari, sarta menta supardos henteu dihukum. Purbasari anu bageur, langsung ngahampurakeun sagala kasalahan kakana purbararang.
Sanggeus kajadian eta, ahirna maranehna sadaya balik ka karajaan. Purbasari ahirna jadi saurang ratu, di rendengan ku saurang lalaki idamana. Lalaki eta teu lain anu salila ieu maturan purbasari salami dileweung, nyaeta lutung kasarung.
Ngadongeng lutung kasarung
Aksara swara atawa vokal jumlahna aya 7, nyaeta:
SEMESTER 2
Struktur:
Bubuka : Salam Mukadimah Sapa
Eusi : Materi
Panutup : Kacindekkan Kesimpulan Hapunten Salam
Cara - cara :
Impromtu
Ekstemporan
Memoriter
Teknik :
Artikulasi
Intonasi
Gestur
Ekspresi
Penguasaan Panggung
Triwira :
Wiraga
Wirasa
Wirahma
Pengertian
Sajak nyaeta salasahiji karya sastra Sunda anu mangrupa ungkaran pikiran,rasa,jeung gagasan pangarang, nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan tina kanyataan kahirupan sapopoe. Bisa oge ukur reka cipta pangarang sabada ngaliwatan proses imajinasi jeung kontemplasi, anu satuluyna dijanggelekkeun dina wangun rakitan basa anu endah. Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara konotatif (kiasan).
Sejarah Sajak
Dumasar kana asal-usulna, sajak teh mangrupa karya sampeuran anu jolna tina sastra deungeun, nyaeta pangaruh tina sastra Eropa. Eta karya teh asup tur jadi banda sastra Sunda ti mimiti kira-kira taun 1946, nyaeta nalika para pangarang Sunda, hususna pangarang ngora, mimiti kasengsrem tur mikaresep ngareka basa dina wangun sajak. Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak nyaeta Kis WS.
Unsur-Unsur Sajak
Adegan Lahir / Unsur Fisik
Wangun sajak (Tipografi)
Wangun sajak dibuat kumaha panyajakna. Aya anu sapada, dua pada, jeung saterusna.
Pilihan kecap (Diksi)
Sajak anu alus diukur dina kecap-kecap anu dipaké ku panyajakna. Biasana sok kapanggih kecap-kecap
anu geus langka dipake (arhaik). Contohna kecap "asih" diganti jadi kecap "duriat" , atawa kecap "sedih" diganti jadi kecap "tunggara".
Citraan (Imaji)
Imaji nyaéta pangaruh kecap ka nu maca sajak. Biasana kecap anu dipilih aya patalina jeung naon anu karasa, katempo, jeung kadéngé ku nu maca. Citraan dina sajak sifatna bisa citraan swara (auditif), citraan panempo (visual), jeung citraan pangragap (taktil).
Gaya Basa (Figuratif)
Gaya basa dina sajak ngakibatkeun ayana harti konotatif. Gaya basa sajak ieu nimbulkeun ayana harti anu beunghar kana eusi sajak.
Purwakanti
Pukawanti nyaéta padeukeutna sora kecap bok di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah.Nilik perenahna, purwakanti teh aya dua nyaeta :
Purwakanti Rantayan
Purwakanti nu padeukeutna atawa saruana sora ngajajar ka gigir dina sapadalisan.
Purwakanti Runtuyan
Purwakanti nu padeukeutna sora kecap nu angaruntuy ka handap tur biasana aya ditungtung ungkara padalisan.
Adegan Batin
Jéjér (sense)
Jéjér nyaéta gagasan poko anu rék ditepikeun ku panyajak ka nu maca.
Rasa (feeling)
Rasa téh perasaan anu panyajak kenging pas macakeun puisina. (Rasa teh ngajiwaan eusi sajak)
Wirahma (tone)
Nada téh sikep panyajak ka nu maca. Tina sikep panyajak ngabalurkeun ayana suasana nu karasa ka nu maca.
Amanat (intention)
Amanat nyaéta pesen anu badé disampaikeun panyajak. Di sajak, pamaca dibéré kabébasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji sajak.
Prafase Sajak
Parafrase atawa ogé disebut parafrasa nyaéta nyaritakeun deui isi sahiji karangan dina wangun séjén. Tujuan ti parafrase ieu nyaéta sangkan urnag leuwih paham ngeunaan naon anu dibicarakeun di sajak éta.
Parafrase dibagi jadi dua rupa, nyaéta :
Parafrase Kauger
Nyaéta ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahkeun beberapa kecap nepi ka sajak éta tiasa diambil maksudna.
Parafrase bébas
Nyaéta ngarobah sajak ka basa lancaran ngagunakeun basa sorangan. Teu aya aturan kecap anu kedah digunakeun, anu penting susunan kecap anu dipilih teu ngarobah harti sajakna.
Pangjebar Basa
Dramatisasi Sastra
Dramatisasi sastra nyaéta karya sastra anu dipagelarkeun dina wangun drama. Di dramatisasi sastra, narator ngabacakeun naskah tuluy dibarung ku rigig para pamaén. Narator aya di awal nepi ka pamungkas cerita. Para pemaén nu ngarigig di panggung meseur kana carita nu dibaca ku narator.
Musikalisasi Sajak
Musikalisasi sajak ngabogaan dua konsép. Konsép anu kahiji nyaéta, musikalisasi téh mangrupa kagiatan nagrobah sajak jadi rumpaka lagu anu diiringi ku musik. Singkatna, musikalisasi téh ngarobah sajak jadi wnagun lagu. Anu konsép kedua nyaéta, musikalisasi sajak téh kagiatan maca puisi anu diingingan ku musik latar. Di konsép ieu, sajak teu diobah ka wangun lagu.