Perkara Babad
Dina Kamus Basa Sunda disebutkeun yén babad téh nyaéta carita kajadian jaman baheula (Danadibrata, 2009:44); dongéng anu ngandung unsur-unsur sajarah (KUBS, 1993:30). Dongéng sarupa kitu ku Rusyana (1992:19-20) digolongkeun kana don- géng anu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung dina sajarahna. Upamana waé dongéng pararaja, paraputri, paranabi, parawali, jeung sajabana. Contona dongéng "Prabu Siliwangi", "Kéan Santang", jeung "Séh Abdulmuhyi".
Naon sababna babad diasupkeun kana dongéng? Dina babad kapanggih ayana bagian anu pamohalan, upamana dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana, saperti nu kapanggih dina dongéng. Ari dongéng teh kaasup kana golongan carita, umumna carita anu parondok. Nurut keun susunan basana, dongéng babad kaasup kana wangun lancaran (prosa). Kajadian anu kacatur dina babad, lamun diukur ku akal mah, aya nu bisa katarima ku akal jeung aya deui anu dianggap pamohalan. Dina dongéng mah loba kacaritakeun anu pamohalan téh. Anu ngalalakonna ogé sok ngabogaan sipat anu teu lumrah, upamana weduk bisa nerus bumi, jeung bisa ngaleungit. Dongéng nyebar ku jalan dicaritakeun ku lisan, tatalépa ti hiji jalma ka anu lianna, saperti ti indung bapa ka nu jadi anak. Dongéng réa nu geus kahot umurna, teu kapaluruh iraha jeung saha nu ngarangna. Anu matak dongéng, kaasup babad, diasupkeun kana golongan carita balaréa.
Carita babad téh ditulisna aya nu dina wangun wawacan, aya ogé anu dina wangun prosa. Nuliskeunana bisana maké aksara Sunda Kuno, Arab (Pégon) jeung Sunda-Jawa (Cacarakan). Tapi aya ogé nu ditulis maké aksara Latén. Judul-judul carita babad nu geus kasohor di antarana: Babad Cikundul, Babad Bogor, Babad Galuh, Babad Sukapura, Babad Sumedang. Babad Panjalu, Babad Cirebon, Babad Godog, Babad Banten, jsté.