M A T E R I C A R I T A B A B A D
Babad nya eta dongeng atawa carita anu ngandung unsur-unsur sajarah, atawa carita sajarah anu dibungbuan ku dongeng. Babad oge kaasup carita wanda heubeul anu eusina medar riwayat luluhur atau ngabukbak kajadian anu aya di hji wewengkon.
Tradisi nulis Babad teh geningan geus aya ti baheula oge. kapan Carita Babad teh kaasup carita wanda heubuel tea. Manjang mangsan, kurang leuwih ti jaman naskah keneh nepi ka awal abad ka 20. aya anu ditulis dina wangun prosa, aya oge anu dina wangun puisi. Galur caritana mah sarua keneh, saperti :
Tokoh caritana indit lalampahan (diusir, dibuang, neangan elmu, neangan jodo, jsb);
Tokoh caritana meunang cocoba, halangan harungan (begal, sato galak, musibah, jsb);
Tokoh caritana meunang pitulung (ti Allah, ti Dewa, ti manusa, ti mahluk goib, jsb);
Tokoh caritana hasil ngahontal pamaksudan;
Tokoh caritana mulang deui ka nagarana, pinanggih jeung kabagjaan.
U N S U R I N S T R I N S I K B A B A D
Unsur-unsur Instrinsik Carita Babad :
Jejer
Galur Carita
Palaku/Watak
Latar
Amanat
Prabu Kean Santang
Khesya Gaessani Madeeha X-6 (19)
Di Garut aya hiji wewengkon, anu namina leuweung sancang. Éta tempat téh ku masyarakat Garut disebutna patilasan Prabu Kéan Santang. Saha atuh Prabu Kéan Santang teh? Cobi geura darangukeun kieu cariosna téh.
Prabu Siliwangi Raja Pajajaran, ngagaduhan hiji putra nu namina Prabu Kéan Santang. Prabu Siliwangi nyaah pisan ka Prabu Kéan Santang kusabab kapintaranna oge tumut kana sagala kapalai sepuh. Prabu Kéan Santang ti alit tos diajarkeun sagalarupi élmu. Salah sahijina élmu kagagahan.
Kagagahan Prabu Kéan Santang kasohor dugi kamana mana, dugi ka teu aya anu nandingan kagagahanna. Dina hiji waktos Prabu Kéan Santang kretek dina haté na, “Aing jadi jalma anu panggagahna. Sagala jalma euweuh anu wani ngalawan aing. Bedog teu teurak dikadeukeun ka aing. Aing panasaran aya eweuh jalma anu bisa ngelehkeun élmu leuwih ti aing.”
Tuluy Prabu Kean Santang pamitan ka ramana, hoyong indit ngalalana. Tos diijinan ku ramana, tuluy anjeunna mangkat ngalalana tina hiji lembur ka lembur nu séjén bari nyebrang lautan. Dina hiji waktos anjeunna dugi ka hiji tempat nu namina Mekkah. Di Mekkah anjeun ngadangu aya hiji jalmi anu kasohor luhung élmu na. Namina Sayyidina Ali. Tuluy éta Prabu Kéan Santang téh panasaran nu mana si éta nu ngaranna Sayyidina Ali téh. Prabu Kéan Santang néangan éta jalmi nu namina Sayyidina Ali.
Di tengah perjalanan, anjeun nuju lempang, anjeunna papanggih jeung hiji jalmi anu tos katingali sepuh. Éta sepuh naros ka Prabu Kean Santang, “Punten pisan kang, anjeun téh ti mana nupi badé kamana?” taros éta sepuh. “Aing teh arék nepungan Sayyidina Ali, arék ngadu kagagahan.” jawab éta Kéan Santang bari maké nada sombong. “Oh kitu, kaleresan atuh jang, aki oge arék nepungan.” saur éta aki sepuh. Atuh tuluy manéhna téh bareng lempang bari néangan Sayyidina Ali.
Di tengah perjalanan, éta aki sepuh nyarios “Cik atuh jang, iteuk aki tinggaleun pangnyandakkeun di tukang.” saur éta sepuh. Atuh tuluy wé éta Prabu Kéan Santang nyandak iteuk nu tinggaleun di tukang. Pas dugi ka iteuk anu keur nanceb, anjeunna peperegeung bari ngolomokot késang teu kuateun nyabut éta iteuk. Dugi ka ramahbay késang bari getihan saking éta iteuk téh hésé dicabutna. Tuluy di sampeurkeun ku si aki bari naros “Kunaon atuh jang lami lami pisan nyandak iteuk téh.”. “Aing teu kuat nyabut éta iteukna.” jawab Kéan Santang bari masih kénéh sombong. Tuluy dijawab ku si aki teh “Arék kumaha bisa ngalawan Sayyidina Ali atuh jang, nyabut iteuk aki teh ajang mah can kuat.” ceuk éta sepuh.
Aduh ti dinya Prabu Kéan Santang langsung ngahuleng langsung anjeunna sadar yén aki aki nu keur di hareupeun anjeunna téh Sayyidina Ali. Tuluy Prabu Kéan Santang sujud bari ménta hampura ka Sayyidina Ali. Anjeunna sadar tos kaliwat ngomong sombong ka Sayyidina Ali. Prabu Kéan Santang guguru ka Sayyidina Ali dugi ka lebet islam. Anjeunna terus ngadalami élmu dugi ka pinter. Tos ngaraos cukup ngulik agama islam, anjeunna tuluy pamit uwih deui ka Pajajaran. Di Pajajaran, anjeunna nyebarkeun agama islam.