Carita Babad
Istilah "babad" asalna tina basa Jawa nu hartina 'muka lahan anyar' atawa 'nuar tangkal'. Dipatalikeun kana sajarah lantaran unggal sajarah hiji daérah salawasna dimitain ku muka wilayah anyar.
Ricklefs, 2008 : carita anu aya patalina jeung sajarah.
Dina Kamus Basa Sunda disebutkeun yén
Danadibrata, 2009:44 : babad téh nyaéta carita kajadian jaman baheula.
KUBS, 1993:30 : dongéng anu ngandung unsur-unsur sajarah.
Contona dongéng "Prabu Siliwangi", "Kéan Santang", jeung "Séh Abdulmuhyi".
Nurutkeun susunan basana, dongéng babad kaasup kana wangun lancaran (prosa). Kajadian anu kacatur dina babad, lamun diukur ku akal mah, aya nu bisa katarima ku akal jeung aya deui anu dianggap pamohalan.
Carita babad toh ditulisna aya nu dina wangun wawacan aya ogé anu dina wangun prosa. Nuliskeunana bisana maké aksara Sunda Kuno, Arab (Pégon) jeung Sunda-Jawa (Cacarakan). Tapi aya oge nu ditulis make aksara Latén.
Judul-judul abad nu geus kasohor di antarana : Babad Cikundul, Babad Bogor, Babad Galuh, Babad Sukapura, Babad Sumedang, Babad Panjalu, Babad Cirebon, Babad Godog, Babad Banten, jeung anu sanésna.
Struktur Carita Babad
Téma : inti pikiran atawa puseur implengan pangarang atawa inti pikiran nu aya dina prosa fiksi. Pikeun nangtukeun hiji téma, urang kudu maca éta carita sagemblengna.
Amanat : pesen anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Amanat téh aya anu nyamuni di satukangeun alur carita, aya anu dibéjakeun langsung.
Palaku atawa tokoh carita : ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalakon dina carita. Palaku teh bisa dibagi jadi tilu rupa. Kahiji, palaku utama atawa palaku kahiji, disebut ogé protagonis, nyaéta palaku anu nyekel peran ti awal nepi ka ahir. Tokoh protagonis biasana ngabogaan karakter anu pikaresepeun, pikayungyuneun, cindekna tokoh anu bageur. Kadua, palaku kadua atawa palaku tambahan, nyaéta palaku anu marengan, maturan, atawa jadi lawan palaku utama. Tokoh antagonis karakterna biasana réhé, pikasebeleun, anu cindekna mah tokoh anu jahat. Katilu, palaku tambahan nyaeta parapalaku anu peranna teu pati penting. Biasana palaku tambahan dipikabutuh pikeunngalancarkeun carita, ngahirupkeun suasana, nonjolkeun karakter palaku utama atawa palaku tambahan, malah bisa jadi ngan ukur ngaliwat wungkul.
Latar nyoko kana waktu jeung tempat lumangsungna carita. Aya dua rupa latar, nyaéta latar tempat jeung latar waktu.
Galur, alur, atawa plot : runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita. Galur umumna diwangun ku sababaraha unsur, nyaéta bubuka (manggalasastra), muncul masalah (konfliks), masalah muncer (klimaks), ngaréngsékeun masalah (antiklimaks), jeung pungkasan carita (denouement). Henteu salawasna alur carita teh ngaguluyur saperti kitu. Nu matak dumasar kana wandana aya nu disebut galur marélé, bobok tengah, jeung galur mundur.
Puseur sawangan (point of view) : cara pangarang nyaritakeun palaku dina caritana. Aya puseur sawangan jalma katilu "Manéhna" aya puseur sawangan jalma kahiji "Kuring". Kahiji, puseur sawangan jalma katilu bisa "sarwanyaho" (omniscient) lantaran pangarang nyaritakeun naon waé ngeunaan palaku, bisa "panitén" lantaran pangarang ngan nyaritakeun saurang palaku wungkul. Kadua, puseur sawangan jalma kahiji "Kuring". Katilu, puseung sawangan campuran lamun pangarang gunta-ganti dina nyaritakeun palaku carita.