WANGENAN
Biantara nyaeta nyarita hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji perkara, nepikeun pamanggih atawa mere gambaran ngeunaan hiji hal anu kaitung penting pikeun dipikanyaho ku balarea, sipatna monolgis, ukur direspon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasemon.
TUJUAN
Informatif
Sangkan mere informasi penting atawa pamahaman urang ka pamiarsa.
Persuasif jeung Instruktif
Sangkan mere pangaruh atawa ngajak ka pamiarsa keur ngalakukeun hiji parobahan.
Edukatif
Sangkan mere pangaweruh ngeunaan hiji hal ka balerea.
Entertaint
Mere hiburan ka balerea sangkan ngarasa kahibur.
STRUKTUR
1. Bubuka
Nyaeta bagean bubuka tina biantara nu eusina salam jeung pamapag eusi biantara.
2. Eusi
Nyaeta bagean inti biantara anu eusina puji syukur, sholawat, hormat ka hadirin, jeung ngahaturkeun nuhun ka MC.
3. Panutup
METODE
Metode Impromtu
Metode ieu nyaeta nepikeun biantara (tanpa persiapan) ngan saukur ngandelkeun pangalaman jeung pangaweruh.
Metode Ngapalkeun (memoriter)
Metode ieu biasana sok mikabutuh kana desain biantara. Sanggeus aya desain biantara na pangjejer ngapalkeun sakur kecap-kecapna. Metode ieu teh alus nalika urang miboga ingetan anu panjang (long memory) jeung pidato anu rek di tepikeun na oge teu panjang.
Metode Naskah (manuscrip)
Metode ieu ngagunakeun naskah anu geus di tataharkeun samemehna anu umumna di laksanakeun dina acara formal. Kudu dipastikeun yen teks anu rek di tepikeun teh kudu beresih tina kasalahan ejahan jeung pamilihan kecap (diksi) anu alus.
Metode ekstemporan
Metode ieu leuwih nekenkeun kana pokok pembicaraan anu rek di tepikeun. Pangjejer ngan saukur nyokot poin-poin anu kudu di tepikeun, pangjejer ngalakukeun improvisasi dina nepikeun biantara na. Metode ieu salahkan sahiji metode anu geus saluyu jeung betah sabab leleuwih variasi jeung heunteu nurut kana teks.