Nu disebut biantara téh nya éta kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting. Jalma anu ahli biantara disebutna orator. Upamana waé Ir. Soekarno jeung Ir. Oto Iskandardinata, duanana ogé orator nu kakoncara.Biantara nyaeta nepikeun caritaan atawa kedalan di hareupeun jalma loba anu disusun sacara merenah tur rapih. Dina basa Indonesia mah biantara teh sok disebut pidato. Umpama ditilik tina suasanana, aya dua rupa biantara nyaeta biantara resmi jeung biantara teu resmi.
Komunikasi nu aya dina biantara biasana ngan saarah atawa monologis. Biantara biasana direspon ku anu ngaregepkeunnana ku ngan saukur unggeuk, ngagodeg atawa keprok. Sangkan biantara nu ditepikeun bisa alus jeung merenah, dina waktu nepikeun biantara perlu dilarapkeun anu disebut TAMAN.
Sacara singget, istilah TAMAN nu perlu dilarapkeun dina hiji biantara teh mangrupa singgetan tina Tatag dina nyaritana, Aktual dina temana, Munel dina eusina, Alus basana, sarta Ngandung wirahma.