JATILUHUR -- "Maneuh di Sunda" ngandung harti yén urang (murid) anu cicing atawa tinggal di daérah Pajajaran (Purwakarta) téh kudu mikanyaho jati dirina, budaya karuhuna, jeung reueus kana éta budaya. Anu kaharti ku urang Sunda nyaéta ajén-inajén kahirupan budaya, lain ngan saukur kasenian tradisionalna. urang Sunda ngajungjung falsafah hirupna, silih asih silih asah silih asuh.
Kagiatan anu baris dilaksanakeun saban poé rébo dilingkungan UPTD SMPN 1 Jatiluhur diantaranana ngabiasakeun nganggo basa sunda sareng ngalaksanakeun kagiatan nu patali jeung kabudayaan sunda saperti ngadémonstrasikeun atawa mintonkeun kasenian daérah sunda. Saterasna dituluykeun ku dahar babarengan (botram) nu sateacana murid-murid atos dipiwarang nyandak tuangen atanapi bekel ti imah. Red
Menu Footer
Hubungi Kami
Jalan Lurah Kawi No. 1
Ds. Cikaobandung
Jatiluhur - Purwakarta
Telp : (0264) 8641819