Assallamuallaikum wr. wb.
Dina waktos minggon kapengker, sim kuring ilubiung dina program cam literasi harmoni seiisi bumi, ku nekad nu kuat hate nu iklas kuring dugi kanu tempatna anu di tuju nyaeta ka Wanakula, Pusaka Mulya , sapaliheun Wanayasa , tepatna Kecamatan Kiara Pedes, lamina dua dinten tingawitan kaping 12 dugi ka kaping 13 Oktober 2022.
Kagiatan anu ditempuh seueur, tingawitan pembukaan dugi ka penutupan, mangrupikeun permainan gem, materi pelatihan2, sok sanaos disarengan ku cuaca anu kirang ngadukung, jalaran waktosna usum hujan, tapi teu ngurangi rasa sumanget pikeun balarea, acara tetep lumangsung dugi ka rengsena.
Cam literasi ieu pikeun kuring mangrupikeun pangalaman anu berharga, salian ti kenging elmu, oge tiasa kempel ngariung sareng wargi balarea ti mana mana, ti ngawitan siswa, guru, pupuhu sakola, dugikeun ka kepala dinas na antusias ngarojong pisan kana acara literasi Purbasari,
Sukiman, S.Pd.,M.Pd.
UPTD SMPN 1 JATILUHUR
Literasi lain ngan ukur carita, tapi hiji kancah nu mustari, nembongkeun yen urang balarea sauyunan sapihaneuan, teu ngabeda bedakeun umur, atawa tahta pikeun ngawujudkeun kagiatan wireh kahirupan anu sanesna.
Literasi Purbasari ieu, pangdeudeulna ku Pa Kadis, sareng dipupuhuan ku Ibu Iis Kartis, anu pinuh ku elmu pangaweruh tur ajrih kanten kasasama balarea, mangrupikeun elmu2 nu parantos disanggakeun salami di cam literasi, seueur manfaatna, kalayan sim kuring tiasa ngamalkeun nana pikeun balarea, pamugi kasadaya nu parantos maparin elmu, sdyna kasaennana dibales ku alloh SWT anu betlipat ganda, rupina cekap sakitu, pribados neda tawakup samudaya kalepatan, namina jalmi teu kendat tina hilap sinareng lepat,
ahirul kalam wasalamuallaikum warohmatullohi wabarokatuh. 🙏
Menu Footer
Hubungi Kami
Jalan Lurah Kawi No. 1
Ds. Cikaobandung
Jatiluhur - Purwakarta
Telp : (0264) 8641819