Mangandeuh
ku Yuni Sundari
Wanci geus ngagayuh ka janari leutik waktu jirim lalaki nyalingker ka pipireun imah Marni nu hperenahna di tungtung lembur. Lalaunan manehna ngetrokan kaca bari gegeroan kalawan halon.
“Mar....Mar.....ieu Engkang!”
Marni anu geus nungguan bebendena ngorejat hudang, manehna bungah pisan. Zenal nohonan kana jangjina anu geus dipaheutkeun dina WA tadi isuk. Lalaunan muka tulak, bray jandela dibuka bari luak lieuk sieun aya ronda anu ngulampreng ka lebah dinya.
“Kang Zenal?’, Marni nanya satengah ngaharewos.
“Sumuhun ieu Engkang, nu geulis teh tos ngantosan ti tadi nya?”, Zenal ngaharewos nanya.
“Sok lebet Kang, bilih aya nu ningali!”, ceuk Marni bari metot leungeun Zenal .
Marni kacida bungahna amprok jeung lalaki nu implenganana, geus sababaraha minggu teu bisa amprok, ngan ngaliwatan chat-chat dina WA manehna bisa ngumbar nyaah jeung kasuka. HP nu anyar dibeuli di Toko Purwakarta bisa ngawujudkeun sagala rupa nu jadi bangbaluh komunikasi jeung Zenal. Enya ge hirup salembur ngan kahalangan ku lima imah, tapi hayang pendak teh aya kalana hese pisan.
Peuting beuki simpe, sora gaang patembalan jeung bangkong ngawirahma marengan renghapna jalma-jalma anu keur lumampah dina alam impian. Teu lila kadenge sora tahrim , Mang Danu merebot masjid sok tanghinas ngahudangkeun warga lembu Babakan sangkan teu kabeurangan hudang.
Kulisik Marni hudang.
“Kang.....Kang....Kang Zenal! Gugah Kang........tos subuh!”
Marni ngahudangkeun bebendena bari semu reuwas, sieun katohyan ku batur geus ngampihan lalaki anu lain muhrimna. Korejat Zenal hudang, bari rurusuhan manehna dibaju. Gajleng kaluar tina jandela, terus lumpat bari dodongkoan.
Rada lila Marni ngahuleng ngaraga meneng, mikiran naon-naon nu geus kasorang tadi peuting. Pagaliwota rasa anu nyangkaruk dina hatena, antara bagja...suka....jeung rumasa tina dosa.
“Mah.........mah........gugah! Tos subuh!”, si cikal ngahudangkeun indungna.
“Enya, tos hudang ti tadi ge!”, Marni nembalan bari kuniang hudang rek ka cai.
Ari isuk-isuk teh sok riweuh nyayagikeun sangu goreng keur mumuluk. Lain anakna wungkul nu kudu dikawulaan teh, tapi bapana nu geus nyorangan ge kudu diurus. Sanggeus ema ngantunkeun, nya ku Marni dihiap cicing marengan dirina sangkan reugreug pikiran. Imah titinggal guna kaya jeung ema mah dikontrakeun ka tukang kiridit. Ngahaja ngarah kaurus tur aya panghasilan keur meser rokona sadidinten. Enya oge tos sepuh, panyakit batuk geus matuh, tapi kana udud mah angger nyandu hese dicarekna.
Sanggeus saged dangdan, Marni gegroan ka anakna.
“Yuuu.........Ayu! Enggalan geulis bilih kabeurangan! Tos jam 6 leuwih, bisi macet di jalanna!”
Torojol Ayu kaluar geus rapih make baju bodas biru, geulis pisan kawantu kulit beresih. Keur meujeuhna sengserang panon, matak resep neuteupna.
Clak Ayu diuk dina motor, unggal isuk indit ka sakola dibonceng ku indungna sakalian indit ka tempat gawena. Dius motor lumpat tarik mapay jalan nu geus mimiti rame ku kendaraan. Ngan ukur satengah jam ge geus anjog ka kantorna.
Guprak sora konci motor diteundeun dina meja, sorolok laci meja dibuka terus neundeun map anu eusina laporan keuangan kantor bulan kamari. Teu kungsi lila kadenge sora hape disada, bray dibuka. Ditingali teh WA ti Zenal ngirimkeun gambar eceng jeung kembang. I Love You cenah meni mesra. Belenyeh Marni imut, pasemonna marahmay pisan. Kabeuli pisan ku Zenal teh, bisaan nyombo hatena. Geus lila lelengohan sanggeus ditinggalkeu maot ku salakina, kakarek Zenal anu cop dina hatena. Lain saurang dua urang lalaki nu ngadeukeutan, tapi taya anu dilayanan. Duka naon nu jadi pangirutna, ari ningali rupa mah da jajar pasar we taya unggulna ti nu sejen. Imutna..........enya imutna anu matak Marni kapincut teh. Ti saprak imutna nanceb kana hate, sagala rupa kasedih teh leungit saharita.
“Ah......Kang Zenal! “, Marni teu sadar nyiuman foto profil anu aya dina hapena. Mun konganng mah hayang ngagorowok ngarah batur apal yeh manehna keur falling in love. Hayang nulis status make emot eceng beureum, Zenal hanya kamu cinta dalam hidupku! Hayang pisan dunya teh apal yen antara manehna jeung zenal aya tatali cinta anu nganteng. Ngan hanjakal teu bisa, boa moal bisa ketang. Ngan ngaliwatan chat dina WA manehna bisa namplokeun kasono, ngan bari susulumputan manehna ngumbar kanyaah. Hanjakal!
“Marniku geulis, Engkang hoyong tepang deui sareng salira! Iraha tiasa tepang deui?”, tanya Zenal dina WA.
Emh......karek ge tadi peuting urang pendak. Geus sono deui wae si cinta teh, gerentes Marni dina hatena. Tapi teu burung bungah oge, maklum anu keur mabok cinta.
“Nembe ge tadi wengi urang tepang, tos sono deui wae?”, Marni malesan bari rada jual mahal.
“Sono wae ka Marni mah, teu aya laasna!”, ceuk Zenal lebay pisan.
Seregeh Marni seuri maca balesan WA kitu teh, asa kabeuli pisan.
Teu karasa waktu nyerelek maju ka lohor, digawe teh sumanget da aya nu marengan ti anggangna. Sok sanajan bari susulumputan lantaran sieun katohyan ku dununganana. Kalakuanana jiga abg nu karek beger, ngan nu ieu mah beger mindo tea meureun.
Teng......teng.......teng......! Sora jam dingding disada, ditingali teh geus jam 1 beurang. Rada gura giru manehna beberes pagawean, tuluy diasupkeun kana lokerna, cetrek dikoncikeun. Keun ah hanca engke geus istirahat ceuk pikir Marni.
“ Mar, makan yuuu?”, Gandi babaturan kantorna ngajak dahar bareng.
“Hapunten Kang Gan, sanes waktos nya! Abdi bade aya kaperyogian heula.”, tembal Marni
“Hayu atuh dijajap ku abdi!”, Gandi nawarkeun jasana
“Ah.....hatur nuhun Kang! Sanes waktos we!”, tembal Marni bari tituturubun kana motor. Clak ditumpakan, terus ngadius bari teu ngalieuk deui.
Gandi ngan bisa neuteup anu ngajauhan, hatena bati handeueul. Bogoh pisan ka Marni teh, ngan hanjakal nogencang. Padahal manehna bener-bener miharep Marni, sugan jeung sugan bisa ngajodo. Geus lila ngaduda, hayang pisan boga pamajikan.
Teu kacatur di jalanna, jog anjog ka restoran Pandan Sari. Tempat biasa manehna jangjian jeung Zenal. Geus matuh lamun makan siang teh sok tepung di dinya. Salian dahareunana ngeunah, tempatna tumaninah tur ngajaga privasi pelangganna. Kasampak teh Zenal keur nyuruput jus jeruk, dahareun karesep Marni geus ngajagrag dina meja. Tara kudu dipesenan, geus surti kan naon-naon kahayang Marni. Eta nu matak Marni beuki geugeut ka manehna. Teu basa-basa basi am we Marni dahar, menu anu geus nyampak teu diengkekeun deui. Kawantu lapar pisan, tadi isuk-isuk teu mumuluk heula.
“Wareg teu acan?”, Zenal nanya deudeuh pisan
“Cekap Kang, nuhun nya sayang!”, tembal Marni bari imut.
Ragamang leungeun Zenal ngarawu ramo-ramo lancip di hareupeunana, panonna anteng mencrong neuteup pameunteuna.
Emh.....deudueh teuing jungjunan Engkang, lamun Engkang lengoh keneh mah meureun anjeun teh geus dipihukum jadi pamajikan! Ngan Engkang teu wasa bebeja ka indung barudak. Hatena galecok sorangan, mikiran dua wanoja anu sarua dipikacintana, sarua dipikaasihna, duanana hayang kapimilik. Heueuh hawek kuring teh, tapi da cinta.
“Ngemutan naon sih Kang? Meni anteng kitu?”, marni nanya nu keur mencrong.
“Ngemutan anjeun geulis!, Bade dugi ka iraha urang teh kieu wae?, Bade dugi ka iraha urang teh susulumputan wae?”, Zenal humandeuar bangun bingung.
“Wios atuh Kang, abdi mah rido sanaos nyumput oge, abdi nampi sok sanaos teu dipihukum oge.”, tembal Marni halon naker.
“Enya Mar, Engkang ge surti.......ngan Engkang jadi lalaki pengecut lamun kieu wae mah. Jaba Si Euceuna di bumi jiga mimiti curiga. Sok tatalete jeung kakaratak kana hape sagala ayeuna mah. Bangun terus rasa.”, sambung Zenal.
“Sing tarapti we atuh kana hapena, ngangge konci supados teu tiasa muka!”,
“Enya kitu engkang ge, ngan kalah beuki curiga geuningan. Sadaya chat urang sok langsung dipupusan. Mudah-mudahan teu aya nu hilap!”
“Sae atuh!”, Marni nembalna pondok pisan
Hatena mah jumerit, enya rumasa salah........rumasa dosa geus jadi mangandeuh dina rumah tangga batur. Tapi rasa anu nyampak beuki dieu beuki angot bogoh jeung nyaah. Teu paduli salaki batur, teu mikirkeun perasaan anak pamajikanana, nu penting kanyaaah jeung kacinta manehna cumpon. Teu miharep nu leuwih, sok sanajan apal yen eta teh dosa.
“Engkang nyaah ka abdi?”, Marni nanya bangun aya kasieun
“Tangtos atuh, lamun teu nyaah mah moal bet dugi ka kieu Geulis!”, tembal Zenal bari beuki mageuhan panyekelna. Lalaunan ramo-ramo lancip teh dicium deudeuh pisan.
“Aduh-aduh............kieu we nyah kalakuan teh!”, sora awewe meni ngengkreng kana ceuli
Marni jeung Zenal kacida reuwasna, sugan teh moal kanyahoan ku Mila pamajikana. Suasana anu asalna romantis teh bet robah jadi pakewuh.
“Jadi sia awewena nu sok smsan jeung salaki aing teh?, Na teu neuleu gableg anak pamajikan hah? Dasar awewe ateul............bangkawarah! Teu payu kanu lengoh maneh teh?”, Mila ngajengut buuk Marni bari nyarekan laklak dasar.
“Aduuuuh.............ampun Ceuceu! Ampun!”, ceuk Marni bari pupuringisan .
“Mah....Mah........atos Mah! Isin ku nu sanes. Hayu urang uih!”, Zenal nyapih pamajikanana
“Naon? Oooohhh........jadi bela keneh ka awewe atah warah nyah? Sok pilih ku Papah, rek milih Si Marni randa ateul atawa Mamah? Ayeuna pisan jawab!”, Mila nyentak salakina bari ambek.
“Muhun Mah, Papah lepat.......hapunten Papah hilap!”, sora Zenal ngadedgdeg.
Era.....sedih......bingung campur pagaliwota. Ka Marni bogoh, ka Mila nyaah.
“Mar.......Engkang wangsul nya! Engke urang ngobrol deui pami tos paler!”, ceuk Zenal ka Marni.
“Naon siah? Rek ngobrol deui? Cucungah siah!”, Mila beuki ambek.
“Maksad Papah mah sanes kitu!”, Zenal meper ambek pamajikanana.
“Wios Engkang..........mangga mulih! Hawatos ka Euceuna!”, Marni nyarita bari dareuda.
Teu nungguan jawaban ti Zenal, Marni lumpat kaluar ti restoran bari ceurik. Teu nolih kanu narempo, teu ningali jalan liliwatan, manehna terus lumpat muru area parkiran motor. Cipanon murubut teu maseuhan pipina, teu inget kana helm.....dius mawa motor tarik naker. Teu katiten lebah pengkolah aya mobil treuk nyemprung tarik pisan. Duka naon nu kajadian, ngan sora jelema sing jarerit tarik pisan.
Cag!