بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيم

Rebo, 28  agustus 2024

Rebo "maneuh di Sunda", tema anu janten atikan pembiasaan di sakola. Sateacan pembelajaran dikawitan murangkalih SDN 2 Kertamukti kempel di halaman sakola kangge ngalaksanakeun pembiasaan kasundaan nyaeta ngenalkeun rupi-rupi kaulinan barudak di tanah sunda, anu di pandu ku pak juhana sareng guru-guru sanesna supados murangkalih ngartos adat kaulinan tatar sunda  anu tos jarang diulinkeun di zaman kiwari. diantawisna kaulinan sunda anu dikenalkeun nyaeta, enggrang, bakiak batok, bakiak terompah, sapintrong, jeung kaulinan nu sanesna. murangkalih katingal sumringah bingah tiasa ngulinkeun ieu kaulinan anu tos jarang kapendak dibumina. Mugia dina pembiasaan ieu tiasa janten revitalisasi dina ngembangkeun deui kaulinan anu aya di tatar sunda, khususna di SDN 2 Kertamukti. 


"berbuat baik untuk menebar kebaikan"