Assalamualaikum. Wr. Wb
Sampurasun. Rampes
Puji syukur ka Gusti anu Maha Asih, Alhamdulillah, Kepala sakola, guru, katut barudakna dina poe rebo bisa ngajalankeun rutinitasna nyaeta Jalan santai. Salian ti eta, poe ayeuna ge (28/09) keluarga SMPN 1 Cibatu tiasa silaturahmi ka lembur Cipancur pikeun ngadistribusikeun Beas kaheman kanggo sakedik masyarak anu aya di sabudereun bale desa. Santunan beas ieu, henteu kaluar tina program anu tos dicanangkeun ku Dinas Pendidikan nyaeta Program Poe Kamis (Nyanding wawangi/welas asih). Bukti masyarakat SMPN 1 Cibatu nyaeta murangkalihna, diajarkeun silih asih, asuh jeung asah ka sepuh-sepuh anu priogi di bantos. Sawios bentukna teu ageun sareng seueur, santunan ieu ngandung harti "Urang hirup di dunya teh kudu berjiwa sosial", hartina Hormat ka saluhureun, nyaah ka sahandapeun.
Sambutan ti Kepala sakola SMPN 1 Cibatu Bunda Zaleha Andhika Ratu, S.Pd. M.Pd yen salian ti Silaturahmi, ieu oge mangrupa program teh kawitna ti Dinas Pendidikan kanggo ngabantos masyarakat utamina warga sakola terutami warga/murangkalih SMPN 1 Cibatu anu kirang dina ekonomina. Mugia naon-naon anu dititipkeun ka Kepala Desa Cipancur, tiasa dugi ka masyarakat tur janteun program anu manjang pikeun sakola sareng desa anu sanesna.
Diterbitkan : Senin, 28 Juni 2022 Pukul 08.00 WIB