بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيم

Rebo, 21 Agustus 2024


Poe Rebo ngagaduhan tema Maneuh di Sunda, sapertos biasa sateacan dikawitan pembelajaran dikelas murangkalih kelas handap ngagaduhan kabisaan nyiram tatangkalan nu sabudeureun kelas na. dilajengjeun kana pembiasaan dinten rabu nyaeta murangkalih SDN 2 Kertamukti diajar kakawihan sakantenan pembagian hadiah perlombaan agustusan anu parantos dilaksanakeun dinten kamaridi sakola. Anu mulang kakawihan nyaeta ibu Opi Siti Sofiah, S. Pd wali kelas 3. tina materi anu disampekeuna nyaeta Kakawihan mangrupa salah sahiji rupa lalaguan Sunda anu biasana dipake dina waktu ulin. Aya sawatara rupi-rupi lalaguan Sunda, diantawisna sapertos kakawihan, kawih jeung tembang. Kakawihan jeung kawih mang rupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun, tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Kaulinan barudak anu maké kakawihan nyaéta : Ambil-ambilan, Cingciripit, Oray-orayan, Paciwit-ciwit lutung , Ucing-Ucingan. Sareng kaulinan barudak anu henteu make kakawihan nyaeta : Ucing sumput, Gatrik, Galah, Congklak, Ngadu kaleci jeung éngklé.

  kagiatan salajeungna nyaeta pembagian hadiah kangge murangkalih anu kenging juara lomba agustusan di sakola. Alhamdulillah ti tiap-tiap kelas sadayana kenging perwakilan tina kajuaraan lomba anu dilaksanakeun. katingal bingahna murangkalih anu kenging juara perlombaan. Pamugi pembiasaan anu berjalan di SDN 2 Kertamukti ieu tiasa ngabentuk hiji karakter anu sae ka murangkalih kasadayana.



"berbuat baik untuk menebar kebaikan"